Senin, 06 November 2017

FIQIH PARAHU KASALAMETAN




BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS I CATUR WULAN KA I
BAB I
BACAAN SHOLAT
PASAL KA I : BACAAN SHOLAT JEUNG HARTINA
Sholat abdi =
ﺃُﺻَﻠﻲِّ
Kana fardlu subuh =
ﻓَﺮْﺽَ ﺍﻟﺼُّﺒْﺢِ
Dua roka'at =
ﺭَﻛْﻌَﺘَﻴْﻦِ
Bari madep ka qiblat =
ﻣُﺴْﺘَﻘْﺒِﻞَ ﺍﻟْﻘِﺒْﻠَﺔِ
Dina waktuna
= ﺃَﺩَﺍﺀً
Karena Alloh Ta'ala =
ِ ﻟﻠﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟﻰَ
Ari Alloh eta anu Agung
= ﺃَﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
Ari Alloh eta anu Agung
= ﺃَﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
Kalawan Agung saenyana
= ﻛَﺒِﻴْﺮًﺍ
Sareng ari sadaya puji eta kagungan Alloh
= ﻭَﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ ِﻟﻠﻪِ
Bari anu seueur
= ﻛَﺜِﻴْﺮًﺍ
Sareng maha suci Gusti Alloh
= ﻭَﺳُﺒْﺤَﺎﻥَ ﺍﻟﻠﻪِ
Isuk – isuk
= ﺑُﻜْﺮَﺓً
Sareng sore – sore
= ﻭَﺃَﺻِﻴْﻼً
Sayaktosna abdi
= ﺇِﻧِّﻰ
Madepken abdi
= ﻭَﺟَّﻬْﺖُ
Kana wajah abdi
= ﻭَﺟْﻬِﻲَ
Ka dzat Alloh
= ﻟِﻠَّﺬِﻯْ
Anu tos ngadamel langit tujuh =
ﻓَﻄَﺮَ ﺍﻟﺴَّﻤَﻮَﺍﺕِ
Sareng bumi tujuh
= ﻭَﺍْﻷَﺭْﺽَ
Bari anu condong
= ﺣَﻨِﻴْﻔًﺎ
Tur anu pasrah
= ﻣُﺴْﻠِﻤًﺎ
Sareng sanes abdi
= ﻭَﻣَﺎ ﺃَﻧَﺎ
Eta ti jajaran anu musyrik
= ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻤُﺸْﺮِﻛِﻴﻦْ
Sayaktosna sholat abdi
= ﺇِﻥَّ ﺻَﻼَﺗِﻰْ
Sareng ibadah abdi
= ﻭَﻧُﺴُﻜِﻰْ
Sareng hirup abdi
= ﻭَﻣَﺤْﻴَﺎﻱَ
Sareng maot abdi
= ﻭَﻣَﻤَﺎﺗِﻰْ
Eta kagungan Alloh
= ِ ﻟﻠﻪِ
Anu mangeranan sakabeh alam
= ﺭَﺏِّ ﺍﻟْﻌَﺎﻟَﻤِﻴﻦْ
Teu aya nu ngarencangan ka Gusti Alloh
= ﻻَﺷَﺮِﻳْﻚَ ﻟَﻪُ
Sareng kana eta ibadah
= ﻭَﺑِﺬَﺍﻟِﻚَ
Di parentah abdi
= ﺃُﻣِﺮْﺕُ
Sareng ari abdi
= ﻭَﺃَﻧَﺎ
Eta ti jajaran jalma anu Islam
= ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻤُﺴْﻠِﻤِﻴﻦْ
Nyuhunkeun pangriksa abdi ka Gusti Alloh
= ﺃَﻋُﻮْﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ
Tina syetan anu di benduan =
ﻣِﻦَ ﺍﻟﺸَّﻴْﻄَﺎﻥِ ﺍﻟﺮَّﺟِﻴﻢْ
Kalawan nyebat jenengan Alloh
= ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠﻪِ
Anu maha murah
= ﺍﻟﺮَّﺣْﻤﻦِ
Anu maha asih
= ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh
= ﺍَﻟْﺤَﻤْﺪُ ِﻟﻠﻪِ
Anu mangeranan sadaya alam
= ﺭَﺏِّ ﺍﻟْﻌَﺎﻟَﻤِﻴﻦْ
Anu maha murah
= ﺍﻟﺮَّﺣْﻤﻦِ
Anu maha asih
= ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
Anu ngaratuan dina poe qiyamah =
ﻣَﺎﻟِﻚِ ﻳَﻮْﻡِ ﺍﻟﺪِّﻳْﻦِ
Ka Gusti wungkul
= ﺇِﻳَّﺎﻙَ
Ibadah abdi
= ﻧَﻌْﺒُﺪُ
Sareng ka Gusti wungkul
= ﻭَﺇِﻳَّﺎﻙَ
Nyuhunkeun pitulung abdi sadaya
= ﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻦُ
Mugi nuduhkeun Gusti ka abdi sadaya
= ﺇِﻫْﺪِﻧَﺎ
Kana jalan anu lempeng nyaeta agama Islam =
ﺍﻟﺼِّﺮَﺍﻁَ ﺍﻟْﻤُﺴْﺘَﻘِﻴﻢْ
Tegesna jalanna jalma-jalma =
ﺻِﺮَﺍﻁَ ﺍﻟَّﺬ ِﻳْﻦَ
Anu parantos di paparin Ni'mat ku Gusti
= ﺃَﻧْﻌَﻤْﺖَ
Ka eta jalma-jalma
= ﻋَﻠَﻴْﻬِﻢْ
Salianti anu di benduan
= ﻏَﻴْﺮِ ﺍﻟْﻤَﻐْﻀُﻮْﺏِ
Ka eta jalma-jalma
= ﻋَﻠَﻴْﻬِﻢْ
Sareng sanes anu salasar
= ﻭَﻻَ ﺍﻟﻀَﺂﻟِّﻴْﻦَ
Kalawan nyebat jenengan Alloh
= ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠﻪِ
Anu maha murah
= ﺍﻟﺮَّﺣْﻤﻦِ
Anu maha asih
= ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
Demi waktu ashar
= ﻭَﺍﻟْﻌَﺼْﺮِ
Saestuna jalma – jalma
= ﺇِﻥَّ ﺍْﻹِﻧْﺴَﺎﻥَ
Eta yakin aya dina karugian
= ﻟَﻔِﻰْ ﺧُﺴْﺮٍ
Kajaba jalma-jalma anu ariman =
ﺇِﻻَّ ﺍﻟَّﺬِﻳْﻦَ ﺁَﻣَﻨُﻮْﺍ
Sareng anu amal soleh =
ﻭَﻋَﻤِﻠُﻮﺍ ﺍﻟﺼََّﺎﻟِﺤَﺎﺕِ
Sareng anu silih wasiatan kana bener =
ﻭَﺗَﻮَﺍﺻَﻮْﺍ ﺑِﺎﻟْﺤَﻖِّ
Sareng anu silih wasiatan kana shobar =
ﻭَﺗَﻮَﺍﺻَﻮْﺍ ﺑِﺎﻟﺼَّﺒْﺮِ
Ari Alloh eta anu agung
= ﺃَﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
Maha suci pangeran abdi
= ﺳُﺒْﺤَﺎﻥَ ﺭَﺑِّﻰ
Anu maha agung
= ﺍﻟْﻌَﻈِﻴْﻢِ
Sareng muji abdi ka Gusti Alloh
= ﻭَﺑِﺤَﻤْﺪِﻩِ
Mugi ngadangu Gusti Alloh
= ﺳَﻤِﻊَ ﺍﻟﻠﻪُ
Ka jalma anu muji ka Alloh
= ﻟِﻤَﻦْ ﺣَﻤِﺪَﻩُ
Hei pangeran abdi sadaya
= ﺭَﺑَّﻨَﺎ
Eta kagungan Gusti ari sadaya puji
= ﻟَﻚَ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Anu parantos minuhan langit tujuh
= ﻣِﻠْﺊُ ﺍﻟﺴَّﻤَﻮَﺍﺕِ
Sareng anu parantos minuhan bumi tujuh
= ﻭَﻣِﻠْﺊُ ﺍْﻷَﺭْﺽِ
Sareng nu tos minuhan perkara nu ngersakeun Gusti
= ﻭَﻣِﻠْﺊُ ﻣَﺎﺷِﺌْﺖَ
Tina rupa-rupa perkara
= ﻣِﻦْ ﺷﻴَْﺊْ
Saba'da minuhan bumi sareng langit tujuh
= ﺑَﻌْﺪُ
He Alloh! Mugi nuduhkeun Gusti ka abdi
= ﺃَﻟَّﻠﻬُﻢَّ ﺍﻫْﺪِﻧَﺎ
Sarta jalma-jalma
= ﻓِﻴْﻤَﻦْ
Nu parantos nuduhkeun Gusti ka eta jalma-jalma
= ﻫَﺪَﻳْﺖَ
Sareng mugi ngawaraskeun Gusti ka abdi
= ﻭَﻋَﺎﻓِﻨِﻰ
Sarta jalma-jalma
= ﻓِﻴْﻤَﻦْ
Nu parantos ngawaraskeun Gusti ka eta jalma-jalma
= ﻋَﺎﻓَﻴْﺖَ
Sareng mugi nguruskeun Gusti ka abdi
= ﻭَﺗَﻮَﻟَّﻨِﻰ
Sarta jalma-jalma
= ﻓِﻴْﻤَﻦْ
Nu parantos nguruskeun Gusti ka eta jalma-jalma
= ﺗَﻮَﻟَّﻴْﺖَ
Sareng mugi ngaberkahan Gusti ka abdi
= ﻭَﺑَﺎﺭِﻙْ ﻟِﻰ
Tina perkara anu maparin Gusti
= ﻓِﻴْﻤَﺎ ﺃَﻋْﻄَﻴْﺖَ
Sareng mugi ngariksa Gusti ka abdi
= ﻭَﻗِﻨِﻰ
Ku rohmat Gusti
= ﺑِﺮَﺣْﻤَﺘِﻚَ
Kana gorengna perkara nu tos ngahukuman Gusti
= ﺷَﺮَّ ﻣَﺎﻗَﻀَﻴْﺖَ
Da saestuna Gusti eta anu ngahukuman
= ﻓَﺈِﻧَّﻚَ ﺗَﻘْﺾِ
Sareng moal aya anu ngahukuman ka Gusti
= ﻭَﻻَ ﻳُﻘْﺾَ ﻋَﻠَﻴْﻚَ
Sareng saestuna Alloh
= ﻓَﺈِﻧَّﻪُ
Moal hina jalma
= ﻻَﻳَﺬِﻝُّ ﻣَﻦْ
Anu parantos nulungan Gusti ka eta jalma
= ﻭَﺍﻟَﻴْﺖَ
Sareng moal bagja jalma
= ﻭَﻻَ ﻳَﻌِﺰُّ ﻣَﻦْ
Anu parantos ngamusuhan Gusti ka eta jalma
= ﻋَﺎﺩَﻳْﺖَ
Mugi ngundak-ngundak kasaean Gusti
= ﺗَﺒَﺎﺭَﻛْﺖَ
Hei pangeran abdi sadaya
= ﺭَﺑَّﻨَﺎ
Sareng maha luhur Gusti
= ﻭَﺗَﻌَﺎﻟَﻴْﺖَ
Estu kagungan Gusti ari sadaya puji
= ﻓَﻠَﻚَ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Kana perkara anu tos ngahukuman Gusti
= ﻋَﻠَﻰ ﻣَﺎﻗَﻀَﻴْﺖَ
Neda pangampura abdi ka Gusti
= ﺃَﺳْﺘَﻐْﻔِﺮُﻙَ
Sareng tobat abdi ka Gusti
= ﻭَﺃَﺗُﻮْﺏَ ﺇِﻟَﻴْﻪِ
Sareng mugi maparin rohmat Gusti
= ﻭَﺻَﻠَّﻰ ﺍﻟﻠﻪُ
Ka pangsaena makhluk Gusti
= ﻋَﻠَﻰ ﺧَﻴْﺮِ ﺧَﻠْﻘِﻪِ
Sareng ka kulawargina Nabi
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁَﻟِﻪِ
Sareng ka sohabatna Nabi
= ﻭَﺻَﺤْﺒِﻪِ
Sareng mugi masihan kaberkahan Gusti
= ﻭَﺑَﺎﺭَﻙَ
Sareng mugi masihan kamaslahatan Gusti
= ﻭَﺳَﻠَّﻢَ
Ari Alloh eta anu agung
= ﺃَﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
Maha suci pangeran abdi anu maha luhur
= ﺳُﺒْﺤَﺎﻥَ ﺭَﺑِّﻰَ ﺍْﻷَﻋْﻠَﻰ
Sareng muji abdi ka Gusti Alloh
= ﻭَﺑِﺤَﻤْﺪِﻩِ
Ari Alloh eta anu agung
= ﺃَﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
He pangeran abdi! Mugi ngahampura Gusti ka abdi
= ﺭَﺏِّ ﺍﻏْﻔِﺮْﻟِﻰ
Sareng mugi ngasih Gusti ka abdi
= ﻭَﺍﺭْﺣَﻤْﻨِﻰ
Sareng mugi nambalan Gusti ka abdi
= ﻭَﺍﺟْﺒُﺮْﻧِﻰ
Sareng mugi ngaluhurkeun Gusti ka abdi
= ﻭَﺍﺭْﻓَﻌْﻨِﻰ
Sareng mugi ngarizkian Gusti ka abdi
= ﻭَﺍﺭْﺯُﻗْﻨِﻰ
Sareng mugi nuduhkeun Gusti ka abdi
= ﻭَﺍﻫْﺪِﻧِﻰ
Sareng mugi ngariksa Gusti ka abdi
= ﻭَﻋَﺎﻓِﻨِﻰ
Sareng mugi ngahampura Gusti ka abdi =
ﻭَﺍﻋْﻒُ ﻋَﻨِّﻰ
Ari sadaya kahormatan
= ﺍَﻟﺘَّﺤِﻴَّﺎﺕُ
Anu di berkahan
= ﺍَﻟْﻤُﺒَﺎﺭَﻛَﺎﺕُ
Ari sadaya rohmat
= ﺍﻟﺼَّﻠَﻮَﺍﺕُ
Ari sadaya amal soleh
= ﺍﻟﻄَّﻴِّﺒَﺎﺕَ
Eta kagungan Alloh
= ِ ﻟﻠﻪِ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun
= ﺍَﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻚَ
He anu jadi Nabi
= ﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟﻨَّﺒِﻲُّ
Sareng rohmatna Gusti Alloh
= ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ
Sareng kaberkahan Gusti Alloh
= ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪْ
Ari kasalametan eta muga tetep ka abdi sadaya
= ﺍَﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻨﺎَ
Sareng ka abdi-abdina Gusti Alloh
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﻋِﺒَﺎﺩِ ﺍﻟﻠﻪِ
Anu soleh kabeh
= ﺍَﻟﺼَّﺎﻟِﺤِﻴْﻦَ
Nekadkeun abdi kalawan marifat sareng tasdieq
= ﺃَﺷْﻬَﺪُ
Kana saestuna kalakuan sareng tingkah =
ﺃَﻥْ
Teu aya deui pangeran anu maojud
= ﻻَ ﺇِﻟَﻪَ
Anu hak diibadahan, anu hak dita'ati
Parentah sareng larangannana.
Anging Gusti Alloh
= ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ
Nekadkeun abdi kalawan marifat jeng tasdieq
= ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ
Sayaktosna Kangjeng Nabi Muhammad
= ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ
Eta utusan Alloh
= ﺭَﺳُﻮْﻝُ ﺍﻟﻠﻪْ
He Gusti Alloh!
= ﺃَﻟَّﻠﻬُﻢَّ
Mugi nambihan rohmat Gusti
= ﺻَﻞِّ
Ka Gusti abdi sadaya
= ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna ka Kangjeng Nabi Muhammad
= ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ
Sareng ka kulawargina Gusti abdi sadaya
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻝِ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna ka Kangjeng Nabi Muhammad
= ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ
Sapertos tos masihan rohmat Gusti
= ﻛَﻤَﺎ ﺻَﻠَّﻴْﺖَ
Ka Gusti abdi sadaya
= ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna Nabi Ibrohim
= ﺇِﺑْﺮَﻫِﻴﻢْ
Sareng ka kulawargina Gusti abdi sadaya
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻝِ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna Nabi Ibrohim
= ﺇِﺑْﺮَﻫِﻴﻢْ
Sareng mugi ngaberkahan Gusti
= ﻭَﺑَﺎﺭِﻙْ
Ka Gusti abdi sadaya
= ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna ka Kangjeng Nabi Muhammad
= ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ
Sareng ka kulawargina Gusti abdi sadaya
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻝِ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna ka Kangjeng Nabi Muhammad
= ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ
Saperti parantos ngaberkahan Gusti
= ﻛَﻤَﺎ ﺑَﺎﺭَﻛْﺖَ
Ka Gusti abdi sadaya
= ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna Nabi Ibrohim
= ﺇِﺑْﺮَﻫِﻴﻢْ
Sareng ka kulawargina Gusti abdi sadaya
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻝِ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna Nabi Ibrohim
= ﺇِﺑْﺮَﻫِﻴﻢْ
Di ieu alam
= ﻓِﻰ ﺍﻟْﻌَﺎﻟَﻤِﻴْﻦَ
Sayaktosna Gusti
= ﺇِﻧَّﻚَ
Eta anu dipuji
= ﺣَﻤِﻴْﺪٌ
Anu agung
= ﻣَﺠِﻴْﺪٌ
He Gusti Alloh! Sayaktosna abdi
= ﺃَﻟَّﻠﻬُﻢَّ ﺇِﻧِّﻰْ
Nyuhunkeun pangriksa abdi ka Gusti
= ﺃَﻋُﻮْﺫ ُﺑِﻚَ
Tina siksa kubur
= ﻣِﻦْ ﻋَﺬَﺍﺏِ ﺍﻟْﻘَﺒْﺮِ
Sareng tina siksa naraka
= ﻭَﻣِﻦْ ﻋَﺬَﺍﺏِ ﺍﻟﻨَّﺎﺭْ
Sareng tina fitnah hirup
= ﻭَﻣِﻦْ ﻓِﺘْﻨَﺔِ ﺍﻟْﻤَﺤْﻴَﺎ
Sareng tina ftnah maot
= ﻭَﺍﻟْﻤَﻤَﺎﺓِ
Sareng tina fitnah masihiddajal = ﻭَﻣِﻦْ ﻓِﺘْﻨَﺔِ ﺍﻟْﻤَﺴِﻴْﺢِ ﺍﻟﺪَّﺟَّﺎﻝْ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun
= ﺃَﻟﺴَﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ
Sareng rohmatna Gusti Alloh
= ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ
Nyuhunkeun abdi ka Gusti kana surga
= ﺃَﺳْﺌَﻠُﻚَ ﺍﻟْﺠَﻨَّﺔَ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun
= ﺃَﻟﺴَﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ
Sareng rohmatna Gusti Alloh
= ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ
Nyuhunkeun pangriksa abdi ka Gusti
= ﺃَﺳْﺌَﻠُﻚَ ﺍﻟﻨَّﺠَﺎﺓَ
Tina seuneu naraka
= ﻣِﻦَ ﺍﻟﻨَّﺎﺭِ


BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS I CATUR WULAN KA II
BAB KA II
ANU PATALI JEUNG SHOLAT
PASAL KA 1
TANDA TANDA BALEG
Ari cirina baleg eta aya tilu :
1. Sampurna umur lima belas tahun pikeun lalaki atawa awewe.
2. Ngimpi jima' pikeun lalaki atawa awewe dina saba'da umur salapan tahun.
3. Palangan pikeun awewe wungkul saba'da umur salapan tahun.
(Kudu di terangkeun yen dimana hiji jalma geus baleg maka kataklif, tegesna ka keunaan parentah sareng larangan ti Alloh)

PASAL KA 2
SUSUCI KU BATU
Ari syaratna nyukupkeun susuci ku batu eta aya dalapan :
1. Kudu ku tilu batu atawa kuhiji batu ngan juruna tilu.
2. Tempat najisna kudu bersih.
3. Najisna ulah garing.
4. Najisna ulah pindah tina tempatna (urat-aret).
5. Najisna ulah kacampuran najis sejen.
6. Najisna ulah kaantelan cai.
7. Batuna kudu anu ngabersihkeun.
(Aturan ieu teh pikeun jalma anu teu manggih cai, atawa gering anu teu meunang ka keunaan cai).

PASAL KA 3
FARDLUNA WUDLU
Ari fardluna wudlu eta aya genep :
1. Niat, dina waktu ngumbah mimiti bagian tina beungeut.
Ari lafadlna niat eta kieu :
ﻧَﻮَﻳْﺖُ ﺭَﻓْﻊَ ﺍﻟْﺤَﺪَﺙِ ﺍْﻷَﺻْﻐَﺮِ ﻓَﺮْﺿًﺎ ِﻟﻠﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
Hartosna : Niat abdi wudlu ngaleungitkeun hadas alit fardlu karana Alloh ta'ala.
2. Ngumbah beungeut, diluhurna semet jadina buuk, tihandap samet gado, tigigir samet pepentil ceuli.
3. Ngumbah leungeun duanana sarta sikuna.
4. Ngusap sawareh sirah.
5. Ngumbah suku duanana sarta mumuncangannana.
6. Tartib.
Catatan :
Ari ngaran niat nyaeta ngamaksud hiji perkara kalawan dibarengan ku prakna migawe.
Ari tempatna niat eta dina hate, ari ngucapkeun lafadl niat eta hukumna sunat.
Ari ngaran tartib eta ngaheulakeun anu kudu tiheula, mandeurikeun anu kudu pandeuri.
Contoan praktekna jeung pasunatanana.

PASAL KA 4
CAI ANU SOK DIPAKE SUSUCI
Ari cai anu sah dipake susuci eta aya tujuh :
1. Cai hujan 5. Cai liang/nyusu
2. Cai laut 6. Cai ibun
3. Cai walungan 7. Cai Es (tina hujan Es)
4. Cai sumur

PASAL KA 5
UKURAN CAI
Ari cai eta kabagi dua bagian :
1. Cai saeutik
2. Cai loba
Ari ngaran cai saeutik nyaeta cai anu kurang tina dua kulah, ari cai loba nyaeta cai anu dua kulah atawa leuwih.
Ari batasan dua kulah nyaeta :
1. Lamun diwadahan ku wadah pasagi nyaeta rubakna, panjangna sareng jerona kudu aya sasiku saparapat, tegesna panjang 60cm, lebar 60cm, jerona 60cm, = kira-kira 200 liter leuwih.
2. Lamun diwadahan kana wadah anu buleud maka jerona kudu aya dua siku, rubakna kudu aya sasiku saparapat.
3. Lamun diwadahan ku wadah anu juru tilu maka jerona kudu aya sasiku, rubakna kudu aya sasiku satengah.
Ari cai saeutik eta jadi mutanajis kusabab katibaan najis sanajan teu barobah.
Ari cai loba eta suci sanajan katibaan najis kajaba lamun robah rupa, rasa atawa ambeuna.

PASAL KA 6
HUKUMNA CAI
Ari hukumna cai eta aya opat bagian :
1. Cai bersih dina dzatiyahna tur ngabersihkeun kanu lianna kalayan henteu makruh dipakena nyaeta cai mutlak.
2. Cai bersih dina dzatiyahna tur ngabersihkeun kanu lianna tapi makruh dipakena dina badan henteu makruh dina pakean nyaeta cai panas.
3. Cai bersih dina dzatiyahna tapi henteu ngabersihkeun kanu lianna nyaeta cai anu urut make/musta'mal, jeung cai anu barobah ku barang anu suci.
4. Cai mutanajis nyaeta cai anu kacampuran najis tur caina ngan saeutik sanajan teu barobah, atawa cai loba tapi barobah rupa, rasa atawa ambeu.
PASAL KA 7
SABAB SABAB ANU NGAWAJIBKEUN ADUS
Ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya genep :
1. Ngasupkeun hasyafah kana farji sanajan teu bijil mani.
2. Bijil mani sanajan lain jima'.
3. Palangan/hed.
4. Ngajuru.
5. Nifas.
6. Maot.

PASAL KA 8
FARDLUNA ADUS
Ari fardluna adus eta aya dua :
1. Niat dina hate waktu ngumbah mimiti bagian tina badan. Lafad niat : ﻧَﻮَﻳْﺖُ ﺍﻟْﻐُﺴْﻞَ ﻟِﺮَﻓْﻊِ ﺍﻟﺤَْﺪَﺙِ ﺍْﻻَﻛِﺒَﺮِ ﻓَﺮْﺿًﺎ ِﻟﻠﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟﻰَ
Hartosna : Niat abdi ngaleungitkeun hadats gede fardlu karana Alloh.
2. Ngawalatraan sakabeh badan ku cai.

PASAL KA 9
SYARAT WUDLU JEUNG ADUS
Ari syarat wudlu jeung adus aya sapuluh :
1. Islam.
2. Hideng.
3. Beresih tina hed jeung nifas.
4. Ulah aya perkara anu matak ngarobah kana cai dina anggotana.
5. Bersih tina perkara anu matak ngahalang kana tepina cai kana kulit.
6. Kudu nyaho kana fardluna.
7. Fardluna ulah di tekadkeun sunat.
8. Caina kudu anu ngabersihkeun.
9. Kudu geus manjing waktu pikeun anu langgeng hadats.
10. Kudu tuluy-tuluy pikeun anu langgeng hadats.

PASAL KA 10
PANGBATALAN WUDLU
Ari anu matak ngabatalkeun kana wudlu aya opat :
1. Aya anu bijil tina salah sahijina palawangan dua salianti mani.
2. Leungit akal ku sabab sare jeung liana, kajaba sarena jalma anu bari diuk anu tumetep dina pangdiukannana.
3. Paantel kulit antara lalaki jeung awewe anu pada gede duanana kalayan sah di kawin bari teu aya hahalang.
4. Nyabak farji atawa bubuleud liang bujurna jalma ku dampal tampah atawa jero ramo.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS I CATUR WULAN KA III
PASAL KA II
PAHARAMAN KANU HADATS LEUTIK
Haram kajalma anu teu boga wudlu opat perkara :
1. Haram sholat.
2. Haram thowaf.
3. Haram nyabak Qur'an.
4. Haram mawa Qur'an.

PASAL KA 12
PAHARAMAN KANU JUNUB
Haram kanu junub genep perkara :
1. Haram sholat.
2. Haram thowaf.
3. Haram nyabak Qur'an.
4. Haram mawa Qur'an.
5. Haram maca Qur'an.
6. Haram cicing di mesjid.

PASAL KA 13
PAHARAMAN KANU HED
Paharaman kanu hed sapuluh perkara :
1. Haram sholat.
2. Haram thowaf.
3. Haram nyabak Qur'an.
4. Haram mawa Qur'an.
5. Haram maca Qur'an.
6. Haram cicing di mesjid.
7. Haram puasa.
8. Haram di tholaq.
9. Haram liwat di jeuro masjid lamun mikarempan kana urat aret getih di masjid.
10. Haram di alap suka antara bujal jeung tuur.

PASAL KA 14
SABAB – SABAB MEUNANG TAYAMUM
Ari sababna meunang tayamum eta aya tilu :
1. Teu aya cai.
2. Gering anu madlarat ku cai.
3. Butuhna kana cai karana halabhabna hayawan anu dimulyakeun ku syara'.

PASAL KA 15
HAYAWAN NU TEU DIMULYAKEUN KU SYARA'
Ari hayawan anu teu dimulyakeun ku syara' eta aya genep :
1. Jalma anu tinggal sholat.
2. Jalma anu zinah muhson.
3. Jalma murtad.
4. Kafir anu ngamusuh ka Islam/Harobi.
5. Anjing galak.
6. Bagong.

PASAL KA 16
SYARATNA TAYAMUM
Ari syaratna tayamum eta aya sapuluh :
1. Tayamum kudu ku taneuh.
2. Tayamum kudu bersih.
3. Tayamum ulah urut make.
4. Taneuhna ulah kacampuran tipung atawa bangsana tipung.
5. Kudu ngamaksud kana taneuh lantaran rek di pindahkeun kana anggotana.
6. Ngusap leungeun dua jeung beungeut kudua cokotan.
7. Kudu miceun heula najisna anu aya dina badan dina samemeh tayamum.
8. Kudu ati-ati dina madep ka qiblat samemeh tayamum.
9. Kudu geus manjing waktu.
10. Tayamum the pikeun safardlueun.

PASAL KA 17
FARDLUNA TAYAMUM
Ari fardluna tayamum eta aya lima :
1. Niat nibakeun taneuh kana anggota anu baris diusah.
2. Niat dina ati, lafadlna niat kieu :
ﻧَﻮَﻳْﺖُ ﺍﺳْﺘِﺒَﺎﺣَﺔَﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ﻓَﺮْﺿﺎً ِﻟﻠﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟﻰَ
Hartosna : Niat abdi nyuprih ngameunangkeun sholat karena Alloh ta'alaa.
3. Ngusap beungeut.
4. Ngusap leungeun duanana sarta sikuna duanana.
5. Tartib antara dua usapan.

PASAL KA 18
PANGBATALAN TAYAMUM
Ari anu matak ngabatalkeun kana tayamum eta aya tilu :
1. Sakur anu matak ngabatalkeun kana wudlu.
2. Murtad.
3. Nyangka kana ayana cai lamun tayamumna kusabab euweuh cai.

PASAL KA 19
BARANG NAJIS ANU BISA JADI SUCI
Ari barang najis anu bisa jadi suci eta aya tilu :
1. Arak dimana jadi cuka ku dzatiyahna.
2. Kulit bangke dimana di samak.
3. Perkara anu jadi hayawan/bilatung.

PASAL KA 20
BABAGIAN NAJIS
Ari najis eta kabagi tilu bagian :
1. Najis Mugholadloh.
2. Najis Mukhofafah.
3. Najis Mutawasithoh.
Ngaran Najis Mugholadloh nyaeta najis anjing sareng bagong jeung anu di jurukeun tina salah sahijina anjing jeung bagong.
Ngaran Najis Mukhofafah nyaeta cikiih budak lalaki anu can ngadahar naon-naon salianti cisusu bari umurna can nepi kana dua tahun.
Ngaran Najis Mutawasithoh nyaeta salianti najis Mugholadloh jeung Mukhofafah.

PASAL KA 21
CARA NGABEURSIHKEUN NAJIS ANU TILU
1. Ari najis Mugholadloh eta bisa jadi suci ku tujuh kumbahan bari salah sahijina nu tujuh kumbahan the dicampuran ku teneuh tina saba'da miceun najis Mugholadloh.
2. Ari najis Mukhofafah eta bisa jidi suci kungocorkeun cai kana eta najis sarta ngalindih jeung kumiceun jeuntulna najis.
3. Ari najis Mutawasithoh eta aya dua :
1). Najis Mutawasithoh Hukmiyyah.
2). Najis Mutawasithoh 'Aeniyyah.
Ari Najis Mutawasithoh Hukmiyyah nyaeta najis Mutawasithoh anu teu aya rupaan, rasaan jeung ambeuan, cara ngabersihkeunana eta kungocorkeun cai kana eta najis.
Ari Najis Mutawasithoh 'Aeniyyah nyaeta najis Mutawasithoh anu aya rupaan, rasaan jeung ambeuan, cara ngabersihkeunana kudu nepika euweuh rupaan, rasaan jeung ambeuan.

PASAL KA 22
ZAMAN HED, NIFAS JEUNG SUCI
a. Zaman Hed :
Pang saeutikna nyaeta sapoe sapeuting.
Galibna genep atawa tujuh poe jeung peutingna.
Pang lobana lima belas poe jeung peutingna.

b. Zaman Suci :
Pang saeutikna lima belas poe jeung peutingna.
Galibna dua puluh tilu atawa dua puluh opat poe jeung petingna.
Pang lobana teu aya batasanana.

c. Zaman Nifas :
Pang saeutikna sagejrotan.
Galibna opat puluh poe jeung petingna.
Pang lobana genep puluh poe jeung petingna.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS II CATUR WULAN KA I
BAB KA III
SHOLAT FARDLU JEUNG SYARAT RUKUNNA

PASAL KA I
SYARAT-SYARAT SHOLAT
Ari syarat sholat eta aya dalapan :
1. Kudu bersih tina hadats dua.
2. Bersih tina najis anu aya dina badan, pakean jeung tempat.
3. Nutupan aurat.
4. Madep ka qiblat.
5. Geus manjing waktu.
6. Nyaho kana fardluna sholat.
7. Ulah nekadkeun sunat kana fardluna sholat.
8. Ngajauhan nu matak ngabatalkeun kana sholat.

PASAL KA 2
BAGIAN HADATS
Ari hadats kabagi dua bagian :
1. Hadats leutik.
2. Hadats gede.
Ari hadats leutik nyaeta anu ngawajibkeun kana wudlu.
Ari hadats gede nyaeta anu ngawajibkeun kana adus.

PASAL KA 3
RUPA-RUPA AURAT
Ari aurat eta aya opat rupa :
1. Orat lalaki merdeka kalawan mutlaq sareng amat dina keur sholat nyaeta tiluhurna samet bujal tihandapna samet tuur.
2. Orat awewe merdeka nalika keur sholat eta sakabeh badan iwalti beungeut jeung dampal leungeun.
3. Orat awewe merdeka jeung amat di luar sholat deukeuteun lalaki sejen nyaeta sakabeh badan.
4. Orat awewe merdeka jeung amat nalika deukeuteun mahramna atawa awewe sejen nyaeta tiluhurna samet bujal tihandapna samet tuur.

PASAL KA 4
RUKUN SHOLAT
Ari rukun sholat eta aya tujuh belas :
1. Niat dina ati waktu takbirotul ihrom.
2. Takbirotul ihrom.
3. Nangtung pikeun jalma anu kaduga.
4. Maca fatihah.
5. Rulu'
6. Tumaninah dina ruku'
7. I'tidal.
8. Tumaninah dina I'tidal.
9. Sujud dua kali.
10. Tumaninah dina sujud dua.
11. Diuk antara sujud dua.
12. Tumaninah dina diuk antara sujud dua.
13. Maca tasyahud akhir.
14. Diukna tahiyyat akhir.
15. Maca sholawat ka kanjeung Nabi dina tahiyyat akhir.
16. Maca salam.
17. Tartib antara rukun-rukun.

PASAL KA 5
PEMBAGIAN DARAJAT NIAT
Ari niat dina sholat eta kabagi tilu darajat :
1. Sholatna sholat fardlu maka nu wajibna tilu,
1). Niat migawe sholat.
2). Nangtukeun sholat.
3). Nyebut fardlu.
2. Sholatna sholat sunat nu aya waktuna maka nu wajibna dua perkara,
1). Niat migawe sholat.
2). Nangtukeun sholatna.
3. Sholatna sholat sunat muthlaq maka nu wajibna hiji nyaeta niat migawe sholat.

PASAL KA 6
SYARAT TAKBIROTUL IHROM
Ari syaratna takbirotul ihrom eta aya genep belas :
1. Nibakeunnana dina keur tingkah nangtung pikeun anu kaduga kana nangtung.
2. Kudu ku bahasa arab.
3. Ku lafadl ALLOOHU.
4. Ku lafadl AKBAR.
5. Tartib antara lafadl dua.
6. Ulah manjangkeun kana hamzahna lafadl ALLOOH.
7. Ulah manjangkeun kana Ba na lafadl AKBAR.
8. Ulah nasydidan kana Ba na lafadl AKBAR.
9. Ulah nambahan wau paeh atawa wau hirup antara kalimah dua.
10. Ulah nambahan wau dina samemeh lafadl ALLOOH.
11. Ulah eureun lila atawa eureun sakeudeung antara kalimah dua.
12. Kudu kadenge ku awakna sorangan.
13. Kudu geus ku awakna sorangan.
14. Nibakeunnana keur madep ka kiblat.
15. Ngariksa kana haraf takbirotul ihrom.
16. Kudu pandeuri takbirotul ihromna makmum tina takbirotul ihromna imam.

PASAL KA 7
SYARAT FATIHAH
Ari syaratna fatihah eta aya sapuluh :
1. Kudu tartib.
2. Kudu tuluy-tuluy.
3. Kudu ngariksa kana sakabeh haraf fatihah.
4. Kudu ngariksa kana sakabeh tasdid fatihah.
5. Ulah eureun lila atawa eureun sakeudeung anu maksud megatkeun bacaan.
6. Kudu maca kana sakabeh ayat fatihah, ari sawarehna ayat fatihah the eta BISMILLAAH.
7. Ulah cacadelan anu matak ngaruksak kana harti.
8. Maca fatihah the keur dina tingkah nangtung pikeun anu kaduga.
9. Kudu kadenge ku awakna sorangan.
10. Ayat fatihahna ulah kaselang ku dzikir anu sejen.

PASAL KA 8
TASYDIDNA FATIHAH
Ari tasydidna fatihah eta aya opat belas :
1. Luhureun lam na lafadl
ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠﻪِ
2. Luhureun ro na lafadl
ﺍﻟﺮَّﺣْﻤَﻦِ
3. Luhureun ro na lafadl
ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
4. Luhureun lam na lafadl
ﺍَﻟﺤَْﻤْﺪُ ﻟِﻠّﻪِ
5. Luhureun baa na lafadl
ﺭَﺏِّ ﺍﻟْﻌَﺎﻟﻤَِﻴْﻦَ
6. Luhureun ro na lafadl
ﺍﻟﺮَّﺣْﻤَﻦِ
7. Luhureun ro na lafadl
ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
8. Luhureun dal na lafadl
ﻣَﺎﻟِﻚِ ﻳَﻮْﻡِ ﺍﻟﺪِّﻳْﻦِ
9. Luhureun yaa na lafadl
ﺍِﻳَّﺎﻙَ ﻧَﻌْﺒُﺪ ُ
10. Luhureun yaa na lafadl
ﺍِﻳَّﺎﻙَ ﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻦُ
11. Luhureun shod na lafadl
ﺇِﻫْﺪِﻧَﺎ ﺍﻟﺼِّﺮَﺍﻁَ ﺍﻟْﻤُﺴْﺘَﻘِﻴﻢْ
12. Luhureun lam na lafadl
ﺻِﺮَﺍﻁَ ﺍﻟَّﺬِﻳْﻦَ ﺃَﻧْﻌَﻤْﺖَ ﻋَﻠَﻴْﻬِﻢْ
13. Luhureun dlod na lafadl ﻏَﻴْﺮِ ﺍﻟْﻤَﻐْﻀُﻮْﺏِ ﻋَﻠَﻴْﻬِﻢْ ﻭَﻻَﺍﻟﻀَّﺂﻟِﻴﻦ
14. Luhureun lam na lafadl ﻭَﻻَﺍﻟﻀَّﺂﻟِﻴﻦْ

PASAL KA 9
SUNAT NGANGKAT LEUNGEUN DUA
Sunat ngangkat leungeun dua dina opat tempat :
1. Dina nalika takbirotul ihrom.
2. Dina waktu arek ruku.
3. Dina waktu cengkat tina ruku.
4. Dina nalika nangtung saba'da tahiyyat awal.

PASAL KA 10
SYARAT SUJUD
Ari syarat sujud eta aya tujuh :
1. Kudu sujud ku tujuh anggota badan.
2. Tarangna kudu dibuka.
3. Kudu ngaberatkeun kana sirahna.
4. Ulah turun salianti rek sujud.
5. Ulah sujud kana barang nu kabawa usik ku usikna jalma.
6. Kudu ngaluhurkeun kana handapna jalma sing ngaluhuran kana luhurna jalma.
7. Tumaninah dina sujud.

PASAL KA 11
ANGGOTA SUJUD
1. Tarang. 2 & 3. Dampal leungeun dua.
4 & 5. Tuur dua. 6 & 7. Dampal ramo suku dua.
BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS II CATUR WULAN KA II

PASAL KA 12
TASYDIDNA TAHIYYAT
Ari tasydidna tahiyyat anu pangsaeutikna eta aya genep belas, pangsampurnana aya dua puluh hiji :
1&2. Luhureun taa sareng yaa na lafadl
= ﺍَﻟﺘَّﺤِﻴَّﺎﺕُ
3. Luhureun shod lafadl =
ﺍﻟﺼَّﻠَﻮَﺍﺕُ ﺍَﻟْﻤُﺒَﺎﺭَﻛَﺎﺕُ
4&5. Luhureun thoo sareng yaa na lafadl
= ﺍﻟﻄَّﻴِّﺒَﺎﺕَ
6. Luhureun lam lafadl
= ﻟِﻠَّﻪِ
7. Luhureun sin lafadl
= ﺍَﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻚَ
8&9&10. Luhureun yaa, nun sareng yaa lafadl
= ﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟﻨَّﺒِﻲُّ
11. Luhureun lam na lafadl =
ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ
12. Luhureun sin lafadl
= ﺍَﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻨﺎَ
13. Luhureun lam lafadl
= ﻭَﻋَﻠَﻰ ﻋِﺒَﺎﺩِ ﺍﻟﻠﻪِ
14. Luhureun shod lafad
= ﺍَﻟﺼَّﺎﻟِﺤِﻴْﻦَ
15. Luhureun lam alif lafadl
= ﻻَّ ﺇِﻟَﻪَ ﺃَﻥْ ﺃَﺷْﻬَﺪُ
16&17. Luhureun lam alif sareng lam lafadl
= ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ
18. Luhureun nun lafadl
= ﺃَﻥَّ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ
19&20&21. Luhureun mim, roo sareng lam lafadl =
ﺭَﺳُﻮْﻝُ ﺍﻟﻠﻪْ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ


PASAL KA 13
TASYDIDNA SHOLAWAT SARENG SALAM
He Gusti Alloh!
= ﺃَﻟَّﻠﻬُﻢَّ
Mugi nambihan rohmat Gusti
= ﺻَﻞِّ
Ka Gusti abdi sadaya
= ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ
Tegesna ka Kangjeng Nabi Muhammad
= ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun
= ﺃَﻟﺴَﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun
= ﺃَﻟﺴَﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ

PASAL KA 14
WAKTU SHOLAT FARDLU
1. Waktu dzuhur :
a). Mimitina eta timimiti lingsirna panon poe.
b). Akhirna eta nepika papak kalangkang jeung anu bogana.
2. Waktu ashar :
a). Mimitina eta timimiti papak kalangkang jeung anu bogana kalayan tambah saeutik salianti kalangkang waktu manceran.
b). Akhirna eta nepika surupna panon poe.
3. Waktu maghrib :
a). Mimitina eta timimiti surupna panon poe.
b). Akhirna nepika surupna mega anu beureum.
4. Waktu isya :
a). Mimitina eta timimiti surupna mega anu beureum.
b). Akhirna nepika bijilna fajar anu shidiq.
5. Waktu shubuh :
a). Mimitina eta timimiti bijilna fajar anu shidiq.
b). Akhirna eta nepika bijilna panon poe.

PASAL KA 15
BABAGIAN MEGA
Ari Mega eta aya tilu :
1. Mega beureum.
2. Mega bodas.
3. Mega koneng.
Ari Mega beureum eta ayana waktu maghrib.
Ari Mega koneng jeung Mega bodas eta ayana waktu isya.
Sunat ngakhirkeun sholat Isya nepika surup Mega bodas jeung Mega koneng.

PASAL KA 16
WAKTU NU HARAM DIPAKE SHOLAT
Haram sholat lamun teu aya sabab anu miheulaan atawa sabab anu marengan dina lima waktu :
1. Dina bijil panon poe nepika kira kira satumbak.
2. Dina tengah poe lianti poe jum'at nepika ngageserna panon poe ka Beulah kulon.
3. Waktu kararoneng panon poe.
4. Saba'da sholat ashar nepika surup panon poe.
5. Saba'da sholat subuh nepika bijil panon poe.

PASAL KA 17
REPEH ANU DI SUNATKEUN
Ari repeh anu di sunatkeun dina sholat eta aya genep tempat :
1. Antara takbirotul ihrom jeung du'a iftitah.
2. Antara du'a iftitah jeung ta'udz.
3. Antara ta'udz jeung fatihah.
4. Antara fatihah jeung amiin.
5. Antara amiin jeung surat.
6. Antara surat jeung ruku'.

PASAL KA 18
RUKUN SHOLAT ANU WAJIB TUMANINAH
Ari rukun sholat anu wajib tumaninah eta aya opat :
1. Dina ruku'.
2. I'tidal.
3. Sujud.
4. Diuk antara sujud dua.
Ari ngaran tumaninah eta cicing sakabeh anggota saukuran maca SUBHAANALLOOH.

PASAL KA 19
SABAB SUJUD SAHWI
Ari sabab sujud sahwi eta aya opat :
1. Tinggal sunat ab'adl atawa tinggal sawarehna sunat ab'adl.
2. Poho migawe pagawean anu matak ngabatalkeun kana sholat dimana ngahaja.
3. Mindahkeun rukun bangsa ucapan kana lian tempatna.
4. Nambahkeun rukun bangsa pagawean kalayan pantes tambahna.

PASAL KA 20
SUNAT AB'ADL
Ari sunat ab'adl eta aya tujuh :
1. Tahiyyat awal.
2. Diuk na tahiyyat awal.
3. Maca sholawat ka kanjeung Nabi dina tahiyyat awal.
4. Maca sholawat ka kulawargi Nabi dina tahiyyat akhir.
5. Qunut.
6. Nangtung dina Qunut.
7. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi dina Qunut.

PASAL KA 21
PANGBATHALAN SHOLAT
Ari anu ngabathalkeun kana sholat eta aya opat belas :
1. Kusabab hadats.
2. Kusabab katibaan najis lamun henteu di piceun pada harita kalayan henteu dibawa.
3. Kabuka aurat lamun henteu ditutup pada harita.
4. Ngomong kana dua huruf atawa sahuruf anu aya hartian.
5. Ngahaja ngalakonan anu matak ngabathalkeun kana puasa.
6. Barang dahar anu loba bari poho.
7. Usik tilu usikan kalayan tuluy-tuluy.
8. Ngajleng anu goreng.
9. Neunggeul anu tarik.
10. Nambahkeun rukun anu bangsa pagawean bari ngahaja.
11. Miheulaan ka imam atawa pandeuri ti imam ku dua rukun kalayan henteu aya 'udzur.
12. Niat megatkeun sholat.
13. Nyantelkeun megatkeun sholat kana hiji perkara.
14. Mangmang dina megatkeun sholat.

PASAL KA 22
IMAM WAJIB NIAT JADI IMAM
Ari sholat anu imamna wajib niat jadi imam eta aya opat :
1. Sholat jum'at.
2. Asolat mu'adah.
3. Sholat anu di nadzarkeun kalayan berjama'ah.
4. Sholat anu di jama' taqdim dina waktu berjama'ah.

PASAL KA 23
SYARAT BERJAMA'AH
Ari syarat berjama'ah eta aya sabelas :
1. Ulah nyaho kana bathalna sholat Imam.
2. Ulah nekadkeun wajib ngodloan solat ka Imam.
3. Imamna ulah anu ngamakmum.
4. Ulah makmum ka jalma anu bodo.
5. Ulah miheulaan ka Imam dina tempat diuk.
6. Kudu nyaho kana punduh pindahna Imam.
7. Imam jeung makmum kudu kumpul di masjid atawa dina palataran tilu ratus siku.
8. Kudu niat ngamakmum atawa niat berjama'ah.
9. Kudu sarua antara runtuyan sholat Imam jeung makmum.
10. Makmumna ulah nyulayaan ka Imam ku sunat anu goreng nyulayaannana.
11. Makmumna kudu turut ka Imam.

PASAL KA 24
GAMBARAN BERJAMA'AH
Ari gambaran berjama'ah eta aya salapan, kabagi dua :
1. Sah berjama'ahna nyaeta lima gambaran :
1). Anutna lalaki ka lalaki deui.
2). Anutna awewe ka lalaki.
3). Anutna wandu ka lalaki.
4). Anutna awewe ka wandu.
5). Anutna awewe ka awewe.
2. Teu sah berjama'ahna nyaeta opat gambaran :
1). Anutna lalaki ka awewe.
2). Anutna lalaki ka wandu.
3). Anutna wandu ka awewe.
4). Anutna wandu ka wandu deui.
BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS II CATUR WULAN KA II

PASAL KA 25
PERSYARATAN JAMA' TAQDIM
Ari syaratna jama taqdim eta aya opat :
1. Ngamimitian ku sholat anu kahiji.
2. Niat ngajama dina sholat anu kahiji.
3. Tuluy-tuluy antara sholat dua.
4. Langgeung 'udzur.

PASAL KA 26
PASYARATAN JAMA' TAKHIR
Ari syarat jama' takhir eta aya dua :
1. Niat ngakhirkeun sholat anu kahiji.
2. Langgeung udzur nepika sampurna sholat anu kadua.

PASAL KA 27
PASYARATAN QOSOR
Ari syaratna qoshor eta aya tujuh :
1. Leumpangna dua pamondokaneun.
2. Leumpangna di menangkeun ku syara'.
3. Kudu nyaho kana menangna qoshor.
4. Kudu niat qoshor dina waktu takbirotul ihrom.
5. Sholatna anu bangsa opat roka'at.
6. Langgeng leumpangna nepika sampurna sholat.
7. Ulah ngamakmum ka jalma anu sholat sampurna.

PASAL KA 28
PASYARATAN JUM'AT
Ari syarat jum'at eta aya genep :
1. Sakabehna jum'at dina waktu dzuhur.
2. Sholatna kudu di berjama'ahkeun.
3. Di adegkeunana jum'at the kudu di tengah lembur.
4. Jalma anu sholat jum'at the kudu aya opat puluh urang lalaki anu merdeka anu baralegh tur imah-imah.
5. Ulah kapiheulaan ku jum'ah anu sejen anu aya di eta lembur.
6. Kudu kapiheulaan ku Khutbah dua.

PASAL KA 29
RUKUN KHUTBAH
Ari rukun khutbah dua eta aya lima :
1. Maca hamdalah dina khutbah dua.
2. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi dina khutbah dua.
3. Ngawasyiatkeun kana taqwa dina khutbah dua.
4. Maca ayat Qur'an dina salah sahijina khubah dua.
5. Ngadu'akeun ka Mukmin lalaki jeung Mukmin awewe  khutbah anu akhir.dina

PASAL KA 30
PASYARATAN KHUTBAH
Ari syaratna khutbah eta aya sapuluh :
1. Kudu bersih tina hadats dua.
2. Kudu bersih tina najis anu aya dina badan,paken jeung tempat.
3. Kudu nutupan aurat.
4. Kudu nangtung pikeun jalma anu kaduga.
5. Diuk dina antara khutbah dua saukuran saluhureun tumaninah sholat.
6. Tuluy-tuluy antara khutbah dua.
7. Tuluy-tuluy antara khutbah sareng sholat.
8. Khutbahna make bahasa arab.
9. Khutbah kudu ukuran kadenge ku sakabeh ahli jum'at.
10. Khutbahna kudu geus manjing waktu dhuruh.

PASAL KA 31
KAWAJIBAN NU HIRUP KA MAYIT
Ari kawajiban anu hirup ka mayit eta aya opat :
1. Ngadusan.
2. Mungkus.
3. Nyolatkeun.
4. Ngubur.

PASAL KA 32
NGADUSAN MAYIT
Ari pangsaeutikna ngadusan mayit nyaeta ngawalatraan sakabeh badan ku cai, ari pangsampurnana nyaeta kudu aya anu lima perkara :
1. Ngumbah kokotor tina palawangan dua mayit.
2. Miceun kokotor tina badan mayit.
3. Mayitna di wudluan.
4. Ngosokan ku kai sidir atawa ku sabun.
5. Ngocorkeun cai kana badan mayit kalayan tilu balikan.

PASAL KA 33
MUNGKUS MAYIT
Ari pangseutikna mungkus mayit nyaeta ku pakean anu nutupan kana sakabeh badan mayit, ari pangsampurnana nyaeta pikeun mayit lalaki mah tilu lapis, pikeun mayit-mayit awewe awewe mah make baju kurung, tiung sareng samping di tambah dua lapis.

PASAL KA 34
RUKUN SHOLAT JANAZAH
Ari Rukun nyolatkeun mayit eta aya tujuh :
1. Niat dina ati, ari lafadlna niat eta kieu :
ﻧَﻮَﻳْﺖُ ﺃُﺻَﻠِّﻲْ ﻋَﻠَﻰ ﻣَﻦْ ﺻَﻠَّﻰ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﺍﻹِﻣَﺎﻡُ ﻓَﺮْﺿًﺎ ﻟِﻠَّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
Hartosna : Niat abdi nyolatkeun mayit anu disholatkeun ku Imam
Atawa kieu :
ﺃُﺻَﻠِّﻰ ﻋَﻠَﻰ ﻫَﺬَﺍ ﺍﻟْﻤَﻴِّﺖِ ﺍَﺭْﺑَﻊَ ﺗَﻜْﺒِﻴْﺮَﺍﺓٍ ﻓَﺮْﺽُ ﻛِﻔَﺎﻳَﺔٍ ﻟِﻠَّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
Hartosna : Niat abdi nyolatkeun ieu mayit opat takbiran fardlu kifayah karena Alloh.
2. Opat takbiran.
3. Nangtung pikeun jalma anu kaduga.
4. Maca fatihah dina saba'da takbir anu kahiji.
5. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi dina saba'da takbir anu kadua.
6. Ngadu'akeun ka mayit dina saba'da takbir anu katilu.
Ari du'ana eta kieu :
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻏْﻔِﺮْﻟَﻪُ ﻭَﺍﺭْﺣَﻤْﻪُ ﻭَﻋَﺎﻓِﻪِ ﻭَﺍﻋْﻒُ ﻋَﻨْﻪُ .
7. Maca salam.

PASALA KA 35
NGUBUR MAYIT
Ari pangsaeutikna ngubur mayit nyaeta sakedukan anu nutupan kana bauna mayit jeung ngajaga tina gangguan sato galak, ari pangsampurnana nyaeta satangtung sareng sabeber leungeun jeung kudu nendeun kana pipina mayit anu katuhu kana taneuh bari wajib di padepkeun ka qiblat.

PASAL KA 36
SABAB KUBUR WAJIB DIKEDUK
Wajib pakuburan dikeduk deui lantaran salahsahijina opat perkara :
1. Lantaran mayitna rek di adusan.
2. Lantaran rek di padepkeun ka qiblat.
3. Lantaran aya barang anu ka kubur jeung mayit.
4. Lantaran aya handalam/bayi anu mumkin hirupna.

PASAL KA 37
WARNA-WARNA NULUNGAN
Ari nulungan eta aya opat warna :
1. Nulungan anu di menangkeun saperti ngadeukeutkeun cai ka jalma anu rek wudlu.
2. Nulungan anu nyulayaan kautamaan saperti ngocorkeun cai ka jalma anu keur wudlu.
3. Nulungan anu di makruhkeun saperti pangumbahkeun anggota jalma anu keur wudlu.
4. Nulungan anu di wajibkeun saperti ngawudluan jalma anu gering dina waktu apes.


BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS III CATUR WULAN KA I
BAB KA IV
SHOLAT SUNAT
PASAL KA 1
WARNA-WARNA SHOLAT SUNAT
Ari sholat-sholat anu di sunatkeun eta aya lima :
1. Sholat sunat Idul Fitri jeung Idul Adha.
2. Sholat sunat Samagaha panon poe jeung bulan.
3. Sholat sunat Istisqo.
4. Sholat sunat Rowatib.
5. Sholat sunat muakkad anu lian rowatib.

PASAL KA 2
SHOLAT IDUL FITRI & IDUL ADHA
A. Hukumna, ari sholat Idul Fitri jeung Idul Adha eta hukumna sunat muakkad kalayan sunatna di berjama'ahkeun
B. Waktuna, ari waktuna sholat Idul Fitri jeung Idul Adha eta timimiti bijilna panon poe nepika lingsirna panon poe.
C. Bilangannana, ari bilangan roka'at sholat Idul Fitri jeung Idul Adha eta dua roka'at.
D. Praktekna, nyaeta mimiti niat dina hate bareng jeung takbirotul ihrom.
Ari lafadlna niat eta kieu :
ﺍُﺻَﻠِّﻲْ ﺳُﻨَّﺔً ﻟِﻌِﻴْﺪِ ﺍﻟْﻔِﻄْﺮِﺭَﻛْﻌَﺘَﻴْﻦِ ﻣُﺴْﺘَﻘْﺒِﻞَ ﺍﻟْﻘِﺒْﻠَﺔِ ﻟِﻠِّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟﻰَ
Hartosna : Niat abdi sholat Idul Fitri dua roka'at sunat karena Alloh .
Niat Idul Adha :
ﺍُﺻَﻠِّﻲْ ﺳُﻨَّﺔً ﻟِﻌِﻴْﺪِ ﺍﻟْﺎَﺿْﺤَﻰ ﺭَﻛْﻌَﺘَﻴْﻦِ ﻣُﺴْﺘَﻘْﺒِﻞَ ﺍﻟْﻘِﺒْﻠَﺔِ ﻟِﻠِّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟﻰَ
Hartosna : Niat abdi sholat Idul Adha dua roka'at sunat karana Alloh.
Saba'da niat sareng takbirotul ihrom tuluy takbir tujuh kali kalayan dina antara takbirna maca :
ﺳُﺒْﺤَﺎﻥَ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ ﻟِﻠَّﻪِ ﻭَﻻَﺍِﻟَﻪَ ﺍِﻻَّﺍﻟﻠﻪُ ﻭَﺍﻟﻠﻪُ ﺍَﻛْﺒَﺮْ
Saba'da paragat tujuh takbiran tuluy maca du'a iftitah, maca ta'udz, maca fatihah, maca surat sarta anu leuwih utama maca surat QOOF saba'da nangtung tina sujud, dina roka'at kadua takbir lima kali samemeh maca fatihah kalayan dina antara takbir anu lima diselang kumaca du'a.
Saba'da takbir lima kali tuluy maca fatihah, maca surat, sarta anu leuwih utama maca surat IQTAROBAT ( -ﺍِﻗْﺘَﺮَﺑَﺖْ - ) bari ditarikeun. Dina saba'da aweh salam tina sholat Idul Fitri jeung Adha lamun sholatna di berjama'ahkeun maka sunat khutbah dua.
Ari syarat, rukun jeung paharaman dina khutbah Idul Fitri jeung Adha eta teu beda jeung dina khutbah jum'at, ngan dina khutbah Idul Fitri jeung Adha mah dina khutbah kahijina disunatkeun maca takbir salapan kali dina khutbah kadua tujuh kali.

PASAL KA 3
SHOLAT SAMAGAHA PANON POE / BULAN
Sholat sunat samagaha hukumna sunat, sarta lamun samagaha panon poe sok di sebut kusyuf mun samagaha bulan sok di sebut khusuf.
Ari cara praktekna eta kieu :
Mimiti niat kalayan dibarengan jeung takbirotul ihrom, ari lafadlna niat eta kieu :
ﺍُﺻَﻠِّﻲْ ﺳُﻨَّﺔً ﻟِﻜُﺴُﻮْﻑِ ﺍﻟﺸَّﻤْﺲِ / ﻟﺨُُِﺴُﻮْﻑِ ﺍﻟْﻘَﻤَﺮِﺭَﻛْﻌَﺘَﻴْﻦِ ﺳُﻨَّﺔً ﻟِﻠَّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
Hartosna : Niat abdi sholat sunat samagaha panon poe/bulan dua roka'at karena Alloh.
Saba'da eta tuluy maca fatihah, maca surat, ruku', I'tidal, maca fatihah deui, maca surat deui, ruku' deui, I'tidal deui, tuluy sujud, tuluy diuk antara dua sujud dua, sujud deui, tuluy nangtung kana roka'at kadua kalayan praktekna sami sareng dina roka'at kahiji, saba'da sujud dua tuluy tasyahud tuluy salam.
Kesimpulan :
Sholat kusyuf jeung khusuf kabehna dua roka'at kalayan tiap roka'atna dua kali nangtung, dua kali maca fatihah jeung surat, dua kali ruku', dua kali I'tidal, dua kali sujud.
Dina saba'da sholat kusyuf jeung khusuf lamun sholatna di berjama'ahkeun maka anu jadi imam sunat macakeun khutbah dua, sarta khutbahna mah sami jeung khutbah jum'ah bae.
Dina jeuro khutbah imim kudu ngeukeuhan ka hadiri supaya ngalaksanakeun taubat tina pirang pirang dosa ngalaksanakeun amal hade saperti shodaqoh ka faqir miskin ka budak yatim, ngamerdekakeun 'abid, ngabungahkeun kakulawarga jeung anu sejena.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS III CATUR WULAN KA II
PASAL KA 4
SHOLAT ISTISQO
Sholat istisqoo dipigawe pikeun menta dipasihan cai ku Alloh dina waktu keur halodo atawa saatna liang cai.
Ari hukumna sholat istisqoo eta sunnat,kalayan sunnat dipigawe sababaraha kali salagi acan diijabah ku Alloh naon anu suprih ku migawe sholat istisqoo.
Dina samemeh ngalaksanakeun sholat istisqoo imam kudu marentahkeun ka jalma-jalma supaya tarobat,shodaqoh,ninggalkeun laku dlolim,repeh rapih tina pemusuhan jeung puasa tilu poe samemeh waktu ngalaksanakeun sholat istisqoo,tah dina poe ka imam sarta jalma-jalma kaluar ti imah-imahna pikeun ngalaksanakeun sholat istisqoobari masih puasa kalayan ulah marake seuseungitan,ulah make pakean anu alus ,tapi make pakeaan anu hina kalayan dibarengan ku hate anu tentrem jeung khusyu,depe-depe,ngarasa hina ka Alloh,sarta budak-budak,aki-aki nini-nni,jeung sato hewan supaya dibawaan,saba'da kitu tuluy ngalaksanakeun sholat istisqoo bari diberjama'ahkeun.
Ari bilangan roka'atna eta aya dua roka'at.
Cara pelaksanaannana henteu beda saperti sholat Idul fitri dina syarat-syaratna jeung rukun-rukunna oge dina takbirna,roka'at kahiji tujuh takbiran roka'at kadua lima takbiran bari ngajungungkeun leungeun dua.
Dina saba'da sholat tuluy imim ngalaksanakeun khutbah dua saperti khutbah dina Idul Fitri ngan dina khutbah istisqoo mah dina mimiti istigfar salapan kali dina khutbah kahijina,tujuh kali dina khutbah kaduana gaganti dina khutbah idul fitri.
Jalma anu khutbah kudu ngagilirkeun solendangna kalayan dituturkeun ku para hadirin anu ngalaksanakeun sholat istisqoo.
Cara ngagilirkeun solendang :
Tungtung solendang anu aya dibelah katuhu sina jadi belah kenca,tungtung solendang anu aya dibelah luhur sina jadi belah handap.
Khotib kudu loba maca istighfar jeung maca ayat :
ﺇِﺳْﺘَﻐْﻔِﺮُﻭْﺍ ﺭَﺑَّﻜُﻢْ ﺇِﻧَّﻪُ ﻛَﺎﻥَ ﻏَﻔَّﺎﺭًﺍ ﻳُﺮْﺳِﻞِ ﺍﻟﺴَّﻤَﺂﺀَ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻣِﺪْﺭَﺍﺭًﺍ ﻭَﻳُﻤْﺪِﺩْﻛُﻢْ ﺑِﺄَﻣْﻮَﺍﻝٍ ﻭَﺑَﻨِﻴْﻦَ ﻭَﻳَﺠْﻌَﻞْ ﻟَﻜُﻢْ ﺟَﻨَّﺎﺕٍ ﻭَﻳَﺠْﻌَﻞْ ﻟَﻜُﻢْ ﺃَﻧْﻬَﺎﺭًﺍ .
Sarta kudu ngalobakeun ngadu'a sakapeung bari tarik sakapeung bari laun, bari lamun ngalaunkeun kana du'a maka makmum ngadu'a bari lalaunan, lamun imam narikeun kana du'a maka makmum ngaminan kana du'a imam.
Diantara du'a nu kawarid ti Rosul :
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﺟْﻌَﻠْﻬَﺎ ﺳُﻘْﻴَﺎ ﺭَﺣْﻤَﺔٍ ﻭَﻻَﺳُﻘْﻴَﺎ ﻋَﺬَﺍﺏٍ ﻭَﻻَﻣَﺤْﻖٍ ﻭَﻻَﺑَﻼَﺀٍ ﻭَﻻَﻫَﺪَﻡٍ ﻭَﻻَﻏَﺮْﻕٍ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻀَّﺮَﺍﺏِ ﻭَﻣَﻨَﺎﺑِﺖِ ﺍﻟﺸَّﺠَﺮِ ﻭَﺑُﻄُﻮْﻥِ ﺍْﻻَﻭْﺩِﻳَﺔِ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺣَﻮَﺍﻟَﻴْﻨَﺎ ﻭَﻻَﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﺳْﻘِﻨَﺎ ﻏَﻴْﺜًﺎ ﻣُﻐِﻴْﺜًﺎ ﻫَﻨِﻴْﺌًﺎ ﻣَﺮِﻳْﺌًﺎ ﺳَﺮِﻳْﻌًﺎ ﺳَﺤًﺎ ﻋَﺎﻣًّﺎ ﻏَﺪَﻗًﺎ ﻃَﺒَﻘًﺎ ﻣُﺠَﻠَّﻼً ﺩَﺍﺋِﻤًﺎ ﺇِﻟَﻰ ﻳَﻮْﻡِ ﺍﻟﺪِّﻳﻦْ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﺳْﻘِﻨَﺎ ﺍﻟْﻐَﻴْﺚَ ﻭَﻻَﺗَﺠْﻌَﻠْﻨَﺎ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻘَﺎﻧِﺘِﻴْﻦَ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺑِﺎﺍﻟْﻌِﺒَﺎﺩِ ﻭَﺍﻟْﺒَﻼَﺩِ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﺠُﻬْﺪِ ﻭَﺍﻟْﺠُﻮْﻉِ ﻭَﺍﻟﻀَّﻨْﻚِ ﻣَﺎﻻَﻧَﺸْﻜُﻮْ ﺇِﻻَّ ﺇِﻟَﻴْﻚَ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﻧْﺒِﺖِ ﺍﻟﺰَّﺭْﻉَ ﻭَﺃَﺩِّﺭْ ﻟَﻨَﺎ ﺍﻟﻀَّﺮْﻉَ ﻭَﺃَﻧْﺰِﻝْ ﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﺑَﺮَﻛَﺎﺕِ ﺍﻟﺴَّﻤَﺂﺀِ ﻭَﺃَﻧْﺒِﺖْ ﻟَﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﺑَﺮَﻛَﺎﺕِ ﺍْﻷَﺭْﺽِ ﻭَﺍﻛْﺸِﻒْ ﻋَﻨَّﺎ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﺒَﻼَﺀِ ﻣَﺎﻻَ ﻳَﻜْﺸِﻔُﻪُ ﻏَﻴْﺮُﻙَ .
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺇِﻧَّﺎ ﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻙَ ﺇِﻧَّﻚَ ﻛُﻨْﺖَ ﻏَﻔَّﺎﺭًﺍ ﻓَﺄَﺭْﺳِﻞِ ﺍﻟﺴَّﻤَﺂﺀَ ﻋَﻠْﻴْﻨَﺎ ﻣِﺪْﺭَﺍﺭًﺍ .

PASAL KA 5
SHOLAT SUNAT ROWATIB
Ari sholat sunat rowatib nyaeta sholat sunat anu di pigawe dina samemeh atawa dina saba'da sholat fardlu anu lima waktu, ari bilangan roka'atna eta aya tujuh belas roka'at :
1. Dua roka'at memeh subuh.
2. Opat roka'at memeh dhuhur.
3. Dua roka'at ba'da dhuhur.
4. Opat roka'at memeh ashar.
5. Dua roka'at ba'da maghrib.
6. Tilu roka'at ba'da isya lamun witirna saroka'at.
Ari anu muakkadna tina rowatib anu tujuh belas roka'at eta ngan sapuluh roka'at :
1. Dua roka'at memeh subuh.
2. Dua roka'at memeh dhuhur.
3. Dua roka'at ba'da dhuhur.
4. Dua roka'at ba'da maghrib.
5. Dua roka'at ba'da isya.

PASAL KA 6
SHOLAT SUNAT WITIR
Ari waktuna sholat witir nyaeta saba'da sholat isya nepika bijil fajar.
Ari pangsaeutikna roka'at witir eta saroka'at, ari pangsampurnana eta sabelas roka'at di genep salamkeun.

PASAL KA 7
TILU SHOLAT SUNAT MUAKKAD
Ari anu di maksud ku tilu sholat sunat muakkad the nyaeta tilu sholat sunat anu pohara di sunatkeunnana salianti sholat sunat rowatib, ari hiji-hijina anu tilu nyaeta :
1. Sholat sunat muthlaq dina waktu penting.
2. Sholat dluhaa.
3. Sholat taraweh.
Sholat sunat muthlaq ti peuting.
Ari sholat sunat muthlaq ti peting nyaeta sholat sunat anu di laksanakeun dina waktu peuting anu salian sholat sunat rowatib jeung witir sarta bilangannana teu aya batasannana. Lamun eta sholat sunat ti peuting di laksanakeunnana saba'da sare maka sok disebut sholat sunat tahajjud.
Ari waktu nu pangutamana di pake ngalaksanakeunnana nyaeta tengah peuting.
Sholat sunat dluhaa.
Ari sholat sunat dluhaa nyaeta sholat sunat anu di pigawe dina waktu dluhaa nyaeta waktuna panon poe naek ukuran satumbak dina saba'da manceran dina waktu isuk-isuk.
Ari waktuna sholat sunat dluha nyaeta ti mimiti naekna panon poe saukuran satumbak nepika lingsirna panon poe dina waktu dluhur.
Ari pangsaeutikna roka'at dluha nyaeta dua roka'at, ari pangsampurnana nyaeta dua belas roka'at di genep salamkeun.
Anu paling utama dina roka'at kahiji saba'da fatihah maca surat AL-KAAFIRUN, dina roka'at kadua saba'da fatihah maca surat AL-IKHLASH.
Ari du'a nu dibaca saba'da sholat dluha eta kieu :
ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺇِﻥَّ ﺍﻟﻀُّﺤَﺎﺀَ ﺿُﺤَﺎﺋُﻚَ ﻭَﺍﻟْﺒَﻬَﺎﺀَ ﺑَﻬَﺎﺋُﻚَ ﻭَﺍﻟْﺠَﻤَﺎﻝَ ﺟَﻤَﺎﻟُﻚَ ﻭَﺍﻟْﻘُﻮَّﺓَ ﻗُﻮَّﺗُﻚَ ﻭَﺍﻟْﻘُﺪْﺭَﺓَ ﻗُﺪْﺭَﺗُﻚَ ﻭَﺍﻟْﻌِﺼْﻤَﺔَ ﻋِﺼْﻤَﺘُﻚَ , ﺃَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺇِﻥْ ﻛَﺎﻥَ ﺭِﺯْﻗِﻰ ﻓِﻰ ﺍﻟﺴَّﻤَﺂﺀِ ﻓَﺄَﻧْﺰِﻟْﻪُ , ﻭَﺇِﻥْ ﻛَﺎﻥَ ﻓِﻰ ﺍﻷَﺭْﺽِ ﻓَﺄَﺧْﺮِﺟْﻪُ , ﻭَﺇِﻥْ ﻛَﺎﻥَ ﻣُﻌَﺴِّﺮًﺍ ﻓَﻴَﺴِّﺮْﻩُ , ﻭَﺇِﻥْ ﻛَﺎﻥَ ﺣَﺮَﺍﻣًﺎ ﻓَﻄَﻬِّﺮْﻩُ , ﻭَﺇِﻥْ ﻛَﺎﻥَ ﺑَﻌِﻴْﺪًﺍ ﻓَﻘَﺮِّﺑْﻪُ , ﺑِﺤَﻖِّ ﺿُﺤَﺎﺋِﻚَ ﻭَﺑَﻬَﺎﺋِﻚَ ﻭَﺟَﻤَﺎﻟِﻚَ ﻭَﻗُﻮَّﺗِﻚَ ﻭَﻗُﺪْﺭَﺗِﻚَ ﺁَﺗِﻨِﻰ ﻣَﺎﺁَﺗَﻴْﺖَ ﺑِﻪِ ﻋِﺒَﺎﺩَﻙَ ﺍﻟﺼَّﺎﻟِﺤِﻴﻦْ .
Sholat sunat taraweh.
Ari sholat sunat taraweh nyaeta sholat sunat anus ok dipigawe dina tiap-tiap peuting bulan Romadlon.
Ari roka'at sholat sunat taraweh nyaeta dua puluh roka'at di sapuluh salamkeun, jadi tiap salamna di pigawe dua roka'at.
Lamun sholat taraweh opat roka'at di sasalamkeun maka henteu sah tarawehna.
Ari waktuna sholat taraweh nyaeta dina tiap-tiap peuting bulan Romadlon saba'da sholat isya nepika bijil fajar.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS III CATUR WULAN KA III
BAB KA V
PUASA
PASAL KA I
TANDA-TANDA WAJIB NGLAKSANAKEUN PUASA
Wajib puasa bulan romadlon kusabab salah sahijina perkara anu lima :
1. Ku sabab sampurna bulan Sya'ban tilu puluh poe.
2. Ku sabab ningali tanggal/bulan pikeun hakna jalma anu ningali kana bulan.
3. Ku sabab tumetepna tanggal cek jalma anu adil persaksiannana.
4. Ku sabab jalma anu adil riwayatna.
5. Ku sabab nyangka geus manjing bulan romadlon kalayan ati-ati.

PASAL KA 2
SYARAT SAHNA PUASA
Ari syarat sahna puasa eta aya opat :
1. Islam.
2. Hideng.
3. Bersih tina hed jeung nifas.
4. Nyaho kana waktu anu sah di puasaan.

PASAL KA 3
WAKTU ANU TEU SAH PUASA
Ari waktu anu teu sah di puasaan eta aya lima :
1. Tanggal hiji bulan Syawal.
2. Tanggal sapuluh bulan Haji.
3. Tanggal sabelas bulan Haji.
4. Tanggal dua belas bulan Haji.
5. Tanggal tilu belas bulan Haji.

PASAL KA 4
SYARAT WAJIBNA PUASA
Ari syarat wajibna puasa eta aya lima :
1. Islam.
2. Baligh tur boga akal.
3. Kuat kana puasa.
4. Cageur.
5. Aya di lembur.

PASAL KA 5
RUKUN PUASA
Ari rukun puasa eta aya tilu :
1. Niat ti peuting dina saban poe pikeun puasa fardlu.
Ari lafadlna niat eta kieu
ﻧَﻮَﻳْﺖُ ﺻَﻮْﻡَ ﻏَﺪٍ ﻋَﻦْ ﺃَﺩَﺍﺀٍ ﻓَﺮْﺽِ ﺭَﻣَﻀَﺎﻥَ ﻫَﺬِﻩِ ﺍﻟﺴَّﻨَﺔِ ﻟِﻠَّﻪِ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
Hartosna : Niat abdi puasa poe isuk fardlu romadlon tahun ieu karena Alloh.
2. Tinggal anu matak ngabatalkeun kana puasa.
3. Jalmana anu puasa.

PASAL KA 6
PANGBATALAN PUASA
Ari anu matak ngabatalkeun kana puasa eta aya sapuluh.
1. Ngasupkeun anu aya jungkerengna kana bangsa palawangan.
2. Ngahaja utah sanajan heuteu balik deui kajero.
3. Ngahaja jima' sanajan teu bijil mani'.
4. Ngahaja ngabijilkeun mani' sanajan ku lian jima'.
5. Gelo sanajan ngan sakeudeung.
6. Sakalor timimiti pajar nepika surupna panon poe.
7. Ngahaja buka samemeh bijil panon poe.
8. Murtad.
9. Palangan/hed atawa nifas.
10. Ngajuru anu baseuh.

PASAL KA 7
KAWAJIBAN KANU JIMA' DINA BULAN PUASA
Wajib kifarat gede sarta qodlo jeung di ta'zir ka jalma anu ngaruksak kana puasa dina bulan romadlon ku jima' anu sampurna.
Ari kifarat gede the nyaeta ngamerdekakeun abid anu iman, lamun heuteu kuat ngamerdekakeun abid anu iman maka wajib puasa dua bulan tuluy-tuluy, lamun heuteu kuat puasa dua bulan tuluy-tuluy maka wajib mere dahareun genep puluh mud ka genep puluh miskin.

PASAL KA 8
SABAB WAJIB KODLO BARI TEU MEUNANG
BARANG DAHAR NAON-NAON
Wajib kodlo sarta ngeker dina genep tempat :
1. Dina bulan romadlon jang jalma anu ngahaja buka.
2. Anu poho niat tipeuting.
3. Jalma anu kabeurangan sahur.
4. Anu buka beurang keneh.
5. Jalma anu kapandeurian nanggalkeun romadlon.
6. Jalma anu kalepasan cai tina kekemu atawa ngingsrek cai.

PASAL KA 9
HUKUM BUKA DINA BULAN ROMADLON
Ari hukumna buka dina bulan romadlon eta kabagi opat :
1. Buka anu diwajibkeun saperti bukana jalma anu palangan atawa nifas.
2. Buka anu diwenangkeun saperti bukana jalma anu gering atawa musafir.
3. Buka anu heuteu aya hukumna saperti bukana jalma anu gelo.
4. Buka anu diharamkeun saperti bukana jalma anu ngakhirkeun qodlo romadlon sarta geus rupeuk waktuna qodlo.

PASAL KA 10
PEMBAGIAN BUKA DINA BULAN ROMADLON
Ari pembagian buka dina bulan romadlon eta aya opat rupa :
1. Buka anu wajib qodlo wajib fidyah saperti bukana jalma anu mikarempan kana awak batur, jeung bukana jalma anu ngakhirkeun qodlo bari aya keneh kesempatan sahingga datang romadlon sejen.
2. Buka anu wajib qodlo teu wajib fidyah saperti bukana jalma anu sakalor, anu poho kana niat, anu lumaku dll.
3. Buka anu wajib fidyah teu wajib qodlo saperti aki-aki anu kolot pisan anu moal pikadugaeun puasa.
4. Buka anu teu wajib qodlo teu wajib fidyah saperti jalma anu gelo anu teu ngahaja gelona.

PASAL KA 11
PERKARA ANU TEU MATAK BATAL PUASA
Ari perkara anu asup kana ling-liangan badan anu teu matak batal kana puasa eta aya tujuh :
1. Anu asupna kusabab poho.
2. Anu asupna kusabab bodo.
3. Anu asupna kusabab dipaksa.
4. Anu asupna kujalan ciduh anu aya antara pirang pirang huntu.
5. Kekebul jalan.
6. Kekebul tipung.
7. Laleur anu hiber atawa bangsana laleur.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS IV CATUR WULAN KA I
BAB KA VI
ZAKAT
PASAL KA I
NGARAN JEUNG BABAGIANNANA
Ari ngaran zakat ceukistilah nyaeta bentuk harta tertentu anu di bikeun ka jalma jalma tertentu kalayan syarat syarat tertentu.
Hukumna zakat nyaeta fardlu 'aen kajalma anu geus kumpul syaratna, jeung mangrupakeun salah sahiji rukun islam anu lima.
Zakat kabagi dua :
1. Zakat harta / zakat maal.
2. Zakat badan / zakat fitrah.
Ari zakat anu wajib di zakatan eta aya lima :
1. Siki tatanduran anu jadi kakuatan.
2. Buah-buahan.
3. Emas jeung perak.
4. Barang dagangan.
5. Ingon ingon.

PASAL KA 2
ZAKAT SISIKIAN NU JADI KAKUATAN
Ari wajib zakat sisikian anu jadi kakuatan nyaeta :
1. Lamun di ceborteh make biaya saperti ku mesin atawa ku timba maka anu kudu di kaluarkeunnana the satengah persapuluhna ( 1/20 ) tina sakabeh harta.
2. Lamun di ceboran the campur, sakapeng sok make biaya sakapeng tara, saperti umurna pare the genep bulan tilu bulan make biaya, tilu bulan teu make biaya, maka anu wajibna the tilu parapet perpuluhna ( 3/40 ) tina sakabeh harta.

PASAL KA 3
ZAKAT BUBUAHAN
Ari syarat wajib zakat bubuahan nyaeta :
1. Islam.
2. Merdeka.
3. Milik anu sampurna.
4. Nishob.
Ari bubuahan anu wajib di zakatan nyaeta aya dua :
1. Buah korma.
2. Buah anggur.
Ari nishob sareng ngazakatannana eta sami sareng dina zakat sisikian anu jadi kakuatan.

PASAL KA 4
ZAKAT EMAS JEUNG PERAK
Ari syarat wajib zakat emas jeung perak nyaeta :
1. Islam.
2. Merdeka.
3. Milik anu sampurna.
4. Nishob.
5. Nepika satahun di simpenna.
Ari nishobna emas nyaeta 20 mitskol, numutkeun perhitungan Mekah, 1 mitsqol teh = 1 3/7 dirham, 1 dirham = 2,5 gram.
Cara ngitungna nyaeta :
20 mitsqol x 1 3/7 dirham = 28 4/7 dirham x 2,5 gram = 71 3/7 gram.
Nhisobna perak.
Ari cara ngazakatannana nyaeta :
1. Lamun lain rikaz / teundeunan jalma baheula, maka wajib di kaluarkeun zakatna saparapat per sapuluhna tina sakabeh harta (1/40 = 2,5 %).
2. Lamun harta rikaz, maka zakatna saperlima (1/5 = 20 %) tina sakabeh harta.
3. Lamun barang tambang, maka wajib di kaluarkeun zakatna saparapat persapuluhna (1/40 = 2,5 %) tina sakabeh harta sarta teu kudu aya haol.
Nishobna perak nyaeta 200 dirham x 2,5 gram = 500.
Catatan :
1. Emas jeung perak dimana di campurkeun eta teu wajib di zakatan kecuali salah sahiji atawa duanana nepi kana nishob.
2. Emas jeung perak anu di pake perhiasan anu meunang saperti di pake ku awewe eta teu wajib di zakatan, tapi mun di pake ku anu teu meunang makena saperti ku lalaki eta mah wajib di zakatan.

PASAL KA 5
ZAKAT BARANG DAGANGAN
Ari syarat wajib zakat barang dagangan nyaeta :
1. Islam.
2. Merdeka.
3. Milik anu sampurna.
4. Nishob.
5. Nepika satuan di teundeunna/haol.
Catatan :
Harta dagangan dina setiap akhir tahun kudu di perhitungkeun jeung modalna, lamun modalna ku emas maka kudu di perhitungkeun jeung emas deui.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS IV CATUR WULAN KA II
PASAL KA 6
ZAKAT INGON-INGON
Ari syarat wajibna zakat ingon-ingon eta :
1. Islam.
2. Merdeka.
3. Milik anu sampurna.
4. Nishob.
5. Haol.
6. Di angon dina jukut anu mubah.
Ari ingon-ingon anu wajib di zakatan nyaeta :
1. Onta.
2. Sapi/Munding.
3. Embe/Domba.
Ari nishobna nyaeta :
1. Onta lima ekor.
2. Sapi/munding 30 ekor.
3. Embe/domba 40 ekor.
Cara ngazakatannana nyaeta :
Onta.
NO INGON-INGONNA ZAKATNA
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11 5 s/d 9
10 s/d 14
15 s/d 19
20 s/d 24
25 s/d 35
36 s/d 45
46 s/d 60
61 s/d 75
76 s/d 90
91 s/d 120
120 1 embe biasa umur 2 tahun leuwih atawa 1 embe domba umur 1 tahun leuwih.
2 embe biasa umur 2 tahun leuwih atawa 2 embe domba umur 1 tahun leuwih.
3 embe biasa umur 2 tahun leuwih atawa 3 domba umur 1 tahun leuwih.
4 embe biasa umur 2 tahun leuwih atawa 4 domba umur 1 tahun leuwih.
1 anak onta umur 1 tahun leuwih / makhod.
1 anak onta umur 2 tahun leuwih / bintulabun.
1 anak onta umur 3 tahun leuwih / onta hiqqoh.
1 onta umur 4 tahun leuwih / onta jad'ah.
2 anak onta umur 2 tahun leuwih / bintaalabun.
2 anak onta umur 3 tahun leuwih / Hiqqotaani.
3 anak onta umur 2 tahun leuwih / Banaatilabin.
Catatan :
Mulai tina 121 ieu, diitung tina tiap 40 ekor onta, zakatna 1 anak onta umur 2 tahun leuwih, tina tiap-tiap 50 onta zakatna 1 anak onta umur 3 tahun leuwih, jadi tina 130 onta zakatna 2 anak onta umur 2 tahun jeung 1 anak onta umur 3 tahun, tina 140 onta zakatna 1 anak onta umur 2 tahun jeung 2 anak onta umur 3 tahun, tina 150 onta zakatna 3 anak onta umur 3 tahun, jeung saterusna.
Sapi / Munding.
NO INGON-INGONNA ZAKATNA
1
2
3
4
5
6
7
8
9 30 s/d 39
40 s/d 59
60 s/d 69
70 s/d 79
80 s/d 89
90 s/d 99
100 s/d 109
110 s/d 119
120 s/d 129 1 anak sapi / munding umur 1 taun leuwih.
1 anak sapi / munding umur 2 taun.
2 anak sapi / munding umur 1 taun.
1 anak sapi / munding umur 1 taun jeung 1 anak sapi / munding umur 2 taun leuwih.
2 anak sapi / munding umur 2 taun.
3 anak sapi / munding umur 1 tahun.
1 anak sapi / munding umur 2 taun jeung 2 anak sapi / munding umur 1 taun leuwih.
2 anak sapi / munding umur 2 taun jeung 1 anak sapi / munding umur 1 taun.
3 anak sapi / munding umur 3 taun atawa 4 anak sapi umur 1 taun leuwih.
Catatan :
Saterusna tiap-tiap tina 30 sapi zakatna 1 anak sapi/munding umur 1 taun, tiap-tiap 40 sapi/munding zakatna 1 anak sapi/munding umur 2 taun, tina 80 sapi/munding 2 anak sapi umur 2 taun, tina 100 sapi/munding zakatna 2 anak sapi/munding umur 1 taun jeung 1 anak sapi/munding umur 2 taun leuwih, jeung saterusna.
Embe / Domba.
NO INGON-INGONNA ZAKATNA
1
2
3
4 40 s/d 120
121 s/d 200
201 s/d 399
400 s/d 499 1 anak domba umur 1 taun leuwih atawa 1 anak embe umur 2 taun.
2 anak domba umur 1 taun leuwih atawa 2 anak embe umur 2 taun.
3 anak domba umur 1 taun leuwih atawa 3 anak embe umur 2 taun.
4 anak domba umur 1 taun leuwih atawa 4 anak embe umur 2 taun.
Catatan :
Kanggo saterusna tiap-tiap 100 embe/domba zakatna 1 domba umur 1 taun leuwih atawa 1 embe umur 2 taun leuwih.
Ingon-ingon anu ngahiji / berserikat.
Ingon-ingon anu ngahiji wajib di zakatan saperti milik sorangan dimana tepi kana nishob, kalayan syarat :
1. Tempat istirahatna kudu ngahiji.
2. Anu ngangon jeung tempat ngangonna kudu ngahiji.
3. Kandangna kudu ngahiji.
4. Jaluna kudu hiji kecuali lamun beda jinis saperti domba jeung embe.
5. Tempat nginumna kudu ngahiji.
6. Anu meresna kudu ngahiji.
7. Tempat meresna kudu ngahiji.
Dina zakat ingon-ingon anu berserikat/ngahiji aya 4 gambaran, nyaeta :
1. Jadi enteng ka duaannana, gambarannana ngabogaan 80 embe masing-masing 40 ewang, maka zakatna 1 embe.
2. Jadi berat ka duaannana, gambarannana ngabogaan 40 embe/domba, masing-masing 20 ewang, maka zakatna 1 embe/domba.
3. Jadi ringan ka saurang, jadi berat ka saurang deui, gambarannana ngabogaan 60 embe/domba, saurang bogaeun 40, nu saurang deui 20, maka zakatna 1 embe/domba.
4. Teu jadi berat teu jadi enteng ka duaannana, gambarannana ngabogaan 200 embe/domba, masing-masing 100 ewang, maka ngazakatannana teu beda saperti ngazakatan anu teu ngahiji/berserikat bae.

PASAL KA 7
ZAKAT FITRAH
Syarat wajibna zakat fitrah aya tilu :
1. Islam, jalma kafir nu ngabogaan abid Islam, maka wajib ngazakatan jang eta abid.
2. Ngalaman mangsa saba'da surufna panon poe dina akhir bulan Romadlon awal bulan Syawal, maka lamun aya hiji jalma maot, tapi pernah asup kana awal bulan Syawal, maka wajib zakat, tapi lamun teu pernah asup kana awal bulan Syawal tegesna maotna teh samemeh surup panon poe dina akhir Romadlon, maka teu wajib zakat.
3. Kudu aya leuwihna tina biaya jang pribadi jeung keluargana jang poe jeung petingna Idul Fitri.
Catatan :
1. Lamun jalma Islam ngabogaan abid anu wajib di biayaan atawa pamajikan ngan kafir, duanana ge maka teu wajib di zakatan, sok sanajan wajib di biayaan.
2. Muslim wajib ngazakatan pribadina, istrina, anakna jeung pembantuna anu arislam.
3. Anu bisa di pake zakat fitrah nyaeta kakuatan di eta nagara, saperti beas, jagong, gandum, dll.
4. Ukuran anu wajib di kaluarkeun kanggo zakat fitrah nyaeta 1 so'=5 1/3 kati = 2,4 kg.

PASAL KA 8
JALMA ANU NGAHAK NAMPA ZAKAT
Ari jalma anu hak nampa zakat eta aya dalapan :
1. Faqir = Jalma anu teu boga harta jeung pausahaan.
2. Miskin = Jalma anu boga harta jeung pausahaan tapi teu mencukupi pikeun kabutuhan sapopoena.
3. 'Amilin = Jalma anu nguruskeun zakat.
4. Muallaf = Jalma anu dibungahkeun hatena sabab can kuat imanna.
5. Riqob = 'Abid mukatab/abid anu nungtut mayar ka sayyidna.
6. Ghorim = Jalma anu boga hutang sarta lain urut kamaksiatan.
7. Sabilillah = Jalma nu keur perang ngabela agama Islam.
8. Ibnu Sabil = Jalma anu keur leumpang/indit-inditan anu teu dilarang ku syara' inditna teh.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS IV CATUR WULAN KA III
BAB KA VII
JUAL BELI
PASAL KA I
NGARAN JEUNG RUKUN JUAL BELI
Ari ngaran jual beli/bae' nyaeta : ngamilikkeun dzat anu bangsa barang ku jalan silih tukeuran kalayan izin syara', atawa ngamilikkeun kamanfa'atan anu di meunangkeun ku syara' kalayan netepan salawasna sarta make harga anu bangsa harta.
Ari rukun jual beli eta aya tilu :
1. 'Aqid nyaeta jalma anu ngajual/baa'I jeung jalma anu meuli/Musytari.
2. Ma'qud 'Alaeh nyaeta hargana jeung barangna.
3. Shegat nyaeta ijab/nyerenkeun jeung qobul/narima.

PASAL KA 2
SYARAT 'AQID
Ari syaratna anu 'aqad/anu ngajual jeung anu meuli eta aya opat :
1. Muthlak tashorruf nyaeta balegh tur boga akal.
2. Lain jalma sapeh (jalma anu tukang ngamubadzirkeun harta).
3. Lain Mukroh (jalma anu dipaksa), kajaba aya hak maksana, saperti dipaksa sina ngajual barangna jang mayar hutangna anu geus manjing mayar.
4. Kudu Islam anu meulina lamun anu di jualna Qur'an, hadits atawa 'abid anu Islam.

PASAL KA 3
SYARAT MA'QUD 'ALAEHI
Ari syaratna Ma'qud 'Alaeh/barang anu dipake ngajual jeung meulina nyaeta :
1. Kudu suci atawa mutanajis anu bisa di sucikeun ku cai, lamun barang mutanajis anu teu bisa di sucikeun ku cai eta henteu sah di jualna saperti arak atawa kulit bangke kajaba mun geus suci.
2. Kudu anu bisa di alap manfa'at ceuk syara', lamun teu bisa eta teu sah saperti alat musik.
3. Kawasa kana di pasrahkeun kanu meulina.
4. Kudu jelas ulah anu di samarkeun.

PASAL KA 4
SYARAT SHEGAT
Ari syaratna shegat nyaeta :
1. Kudu tuluy-tuluy antara ijab jeung qobul.
2. Kudu sesuai jeung buktina najan dina ma'nana wungkul, saperti ngahargakeun sapuluh perak, maka nampana ge sapuluh perak.

PASAL KA 5
BABAGIAN JUAL BELI
Ari jual beli eta kabagi tilu :
1. Jual beli barang anu aya di hareupeun sarta hukumna menang dimana kumplit syaratna jual beli.
2. Jual beli barang anu euweuh di hareupeun tapi kosi nempo atawa di sifatan sarta eta sifatan teh teu barobah nepika prakna jual beli, hukumna meunang, mun sifatanna teu akur mah teu meunang.
3. Jual beli anu teu aya di hareupeun bari nu ngajual jeung nu meuli teu kosi nyaksian, hukumna teu meunang.

PASAL KA 6
RIBA
Ari riba eta aya tilu rupa :
1. Riba fadlin, gambarannana nyaeta ngajual barang anu sejenis tapi teu akur ukurannana, conto saperti ngajual beas sakilo ku dua kilo najan beda rupana.
2. Riba qordlin, gambarannana nyaeta nganjukkeun barang karana hayang manfa'at dina dzatiyahna eta barang sarta di syaratkeun, conto saperti nganjukkeun duit sarebu, ari di bayarna hayang sarebu saratus.
3. Riba yaddin, gambarannana saperti ngajual beas ku beas deui tapi ku jalan di anjuk salah sahijina henteu kontan duanana.
Ieu riba anu tilu hukumna sadayana oge haram.
Catatan :
1. Teu meunang ngajual buah anu masih pentil keneh anu can jelas kalulusannana, kecuali mun di ala harita.
2. Mun barang anu di pake meuli atawa anu dibeuli teh hakekatna mah barang haram, tapi teu apal yen eta teh haram, maka di akherat moal aya siksa, tapi mun apal mah jadi siksa di akherat.

PASAL KA 7
JUAL BELI BARANG RIBAWI
Sah ngajual barang ribawi mun jinis kana jinisna deui, saperti beas kana beas, asal aya syarat anu tilu :
1. Akur timbangannana atawa takerannana.
2. Kudu kontan.
3. Kudu silih tampa.
Mun henteu sajenis mah kudu aya dua syarat :
1. Kontan.
2. Silih tampa.
Mun henteu sajenis tapi masih dahareun keneh maka kudu aya dua syarat.
Mun henteu sajenis bari salah sahijina lain dahareun cara baju jeung beas eta teu kudu aya syarat anu tilu.

PASAL KA 8
HIYAR
Ari khiyar / pilih-pilih eta aya tilu :
1. Khiyar majlis hartina tulus jeung teu tulusna bisa di dagokeun dina sajero aya dina tempat aqad jual beli sehingga najan geus ijab qobul bisa di bedokeun.
2. Khiyar syarat hartina jadi jeung teu jadina ngajual make qayyid paling lila tilu poe.
3. Khiyar 'aeb hartina dimana barang cacad meunang di bedokeun dina saba'da kapanggih kacacadannana, sarta ayana kacacadan teh dina samemeh dina samemeh jadi jual beli, lamun ayana kacacadan teh dina saba'da jadi jual beuli eta teu sah khiyar.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS V CATUR WULAN KA I
BAB KA VIII
SALMI / TIMPAH
PASAL KA I
NGARAN JEUNG SARAT SAH SALMI
Ari ngaran salmi nyaeta ngajual hiji barang anu teu katempo anu di sifatan anu aya dina pertanggung jawaban, teu bisa di pasrahkeun harita tapi dina tempo anu di tangtukeun.
Ari syarat sahna salmi eta aya lima :
1. Muslam fih/barang anu di timpahannana kudu bisa kapatok / kaukur ku sifat.
2. Barang kudu jinis anu teu kacampuran ku jinis anu sejen.
3. Barangna ulah diasupan kuseneu nu ngarobah tingkah eta barang.
4. Anu di timpahkeunnana ulah anu tangtu.
5. Timpahna ulah tinu tangtu.

PASAL KA 2
SYARAT MUSLAM FIH
Ari syarat muslam fih/barang anu di timpahannana eta aya dalapan :
1. Dina saba'da nyaritakeun jinis jeung warnana kudu di sifatan ku sifat anu matak nimbulkeun kana beda-bedana harga.
2. Kudu di caritakeun ukuranna ku anu matak ngaleungitkeun kana kasamaran dina ukuranna.
3. Anu 'akad kudu nyaritakeun kana waktu mayarna, lamun timpahna di tempokeun.
4. Kudu aya dimana perlu di buktikeun secara galibna.
5. Tempat masrahkeunna kudu di caritakeun.
6. Hargana kudu ma'lum/kanyahoan.
7. Kudu kontan dina majlis 'aqad dina samemeh papisah.
8. 'Aqadna kudu langsung teu meunang aya khiyar syarat.

BAB KA IX
ROHNU / NGABORAHAN HUTANG
PASAL KA 1
NGARAN, RUKUN JEUNG SYARATNA
Ari ngaran Rohnu nyaeta ngajadikeun barang di pake ngaborahan hutang, dimana hutang teu kabayar dina waktuna, maka eta barang jang naurna.
Ari rukun Rohnu eta aya lima :
1. Rohin / jalma anu ngagadekeun.
2. Murtahin / jalma anu ngagadena.
3. Marhun / barang anu di gadekeun.
4. Daen / hutang.
5. Shegat / ijab jeung qobul.
Ari syaratna ROHIN nyaeta kudu muthlaq tashorruf tegesna balegh tur boga akal, lain jalma anu tukang ngamubadzirkeun harta jeung lain anu potol.
Ari syarat MURTAHIN nyaeta akur jeung syarat ROHIN.
Ari syarat MARHUN nyaeta barang anus ah di jual beulikeun.
Ari syaratna DAEN / hutang nyaeta kudu geus tetep jadi hutang lain kakara arek.
Catatan :
1. Kamanfa'atan barang anu di pake borah eta jang anu boga barang, kajaba mun di bikeun ku anu boga barang kalayan mikeunna lain dina waktu akad.
2. Mun eta barang keur aya di anu ngagade teh ruksak, maka teu kudu ngagantian asal ruksakna ulah ngahaja atawa lain pedah lalawora ngariksana.
3. Mun hutang can lunas, maka barang tetep masih aya dina kakawasaan anu ngagade, sanajan geus di bayar sawareh.

BAB KA X
SULHU / DAMAI
PASAL KA I
NGARAN JEUNG BABAGIAN SULHU
Ari ngaran SULHU nyaeta mereskeun parebutan atawa papaseaan.
Ari SULHU / damai eta kabagi dua :
1. Ngaringkeskeun hutang kana sawarehna/ngalubarkeun sawareh hutang.
Saperti boga tagihan Rp. 1000,- keun belah di Rp. 500,- ge, Rp.500,- deui mah lubar.
2. MU'AWADLOH nyaeta ngagantikeun tagihan kana barang anu sejen, saperti tagihan teh domba, tapi keun be lah dibayar ku baju ge.
Catatan :
Suluh kudu kontan atawa langsung henteu meunang make ta'leq.

BAB KA XI
HIWALAH
PASAL KA I
NGARAN, RUKUN JEUNG SYARAT HIWALAH
Ari ngaran HIWALAH nyaeta ngagilirkeun hutang.
Ari rukun HIWALAH eta aya opat :
1. MUHIL nyaeta jalma anu ngagilirkeun hutang.
2. MUHTAL nyaeta jalma anu kagiliran hutang / jalma anu bakal nampa panaur.
3. MUHAL 'ALAEH nyaeta jalma anu di giliran kudu naur hutang.
4. DAENANI nyaeta dua jalma anu boga hutang.
Conto : A nganjuk ka B, B nganjuk ka C, maka A mayar ka C.
Ari syarat HIWALAH eta aya opat :
1. Ridlona MUHIL.
2. Hutangna geus tumetep jadi hutang.
3. Akur lobana hutang.
4. Nampana MUHTAL.

BAB KA XII
QIRODL / NGAMODALAN
PASAL KA I
RUKUN JEUNG NGARAN QIRODL
Ari rukun Qirodl eta aya genep :
1. Anu ngamodalan.
2. Anu di modalan.
3. Anu di pake modal.
4. Pagawean.
5. Bati.
6. 'Aqad.
Ari ngaran Qirodl nyaeta ngamodalan batur supaya dagang sarta hasil batina sawareh ewang.

PASAL KA 2
SYARAT ANU NGAMODAL
JEUNG ANU DI MODALANNANA
Ari syarat anu ngamodalan jeung anu di modalan nyaeta :
1. Balegh tur boga akal.
2. Sah tasorrufna / ulah jalma safeh.
Ari syarat anu di pake modal nyaeta kudu mangrupakeun duit, kanyahoan jenis, ukuran jeung sifatna.

PASAL KA 3
SYARAT NU DISEBUT BATI
Ari syarat anu disebut bati eta :
1. Kudu presentase / bagian tina bati ulah tina modal.
2. Gedena mere bati kudu di tangtukeun naha satengahna atawa sapertiluna.

BAB KA XIII
'ARIYAH / NGINJEUMKEUN
PASAL KA I
NGARAN, RUKUN NGINJEUMKEUN
Ari ngaran nginjeumkeun nyaeta ngameunangkeun ngalap manfa'at kana hiji barang ka batur sarta tumetep dzatiahna eta barang, sabab engkena rek di pulangkeun deui.
Ari rukun nginjeumkeun eta aya opat :
1. Jalma anu nginjeumkeun.
2. Jalma anu nginjeumna.
3. Jalma anu di injeumkeunnana.
4. Bahasa nginjeumkeun.

PASAL KA 2
SYARAT ANU NGINJEUMKEUN
Ari syarat anu nginjeumkeun eta aya tilu :
1. Balegh tur boga akal.
2. Ngamilik kana manfa'at barang nu di injeumkeun.
3. Manfa'atna anu di meunangkeun ku hukum syara'.

PASAL KA 3
SYARAT ANU NGINJEUMNA
Ari syarat anu nginjeumna eta aya dua :
1. Balegh tur boga akal.
2. Lain jang kana maksiat.

PASAL KA 4
SYARAT ANU DI INJEUMKEUN
Ari syarat barang anu diinjeumkeun eta aya dua :
1. Tumetep dzatiyahna barang anu diinjeumkeunnana, ulah ruksak atawa ngurangan dzatiyahna eta barang ku di manfa'atkeunnana.
2. Ulah barang anu di haramkeun ku hukum syara'.

PASAL KA 5
SYARAT SEGAT / IJAB QOBUL
Ari syaratna shegat eta kudu bahasa anu nandakeun kana mere izin ngalaf manfa'at kana eta barang.
Catatan :
Mun barang anu di injeumkeun teh ruksak maka nu nginjeumna kudu ngagantian.

BAB KA XIV
IJAROH / NYEWAKEUN
PASAL KA 1
NGARAN JEUNG RUKUN IJAROH
Ari ngaran Ijaroh nyaeta : 'aqad kana ngalaf manfa'at anu di kanyahokeun tur dimaksud narima kana gaganti dimeunangkeun kalayan make gaganti.
Ari rukun Ijaroh eta aya lima :
1. Jalma anu nyewakeun.
2. Jalma anu nyewa.
3. Barang anu di sewana.
4. Lilana waktu nyewa.
5. Shegat / ijab jeung qobul

PASAL KA 2
SYARAT ANU NYEWAKEUN & NU NYEWANA
Ari syarat anu nyewakeun sareng anu nyewa eta aya 2 :
1. Balegh tur boga akal.
2. Sah tasorruf.

PASAL KA 3
SYARAT ANU DI SEWANA
Ari syaratna anu di sewa eta kudu barang anu halal di alaf manfa'at ceuk hukum syara'.

PASAL KA 4
SYARAT WAKTU NYEWA
Ari syarat waktu nyewa nyaeta kudu puguh waktuna boh ku poe, minggu, bulan atawa ku taun.

PASAL KA 5
SYARAT SHEGAT
Ari syaratna shegat nyaeta kudu bahasa anu nandakeun kana ridlo.
Catatan :
Lamun barang ruksak ku jalan lalawora, maka kudu ngagantian anu nyewana, lamun teu lalawora mah teu kudu ngagantian.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS V CATUR WULAN KA II
BAB KA XV
SYIRKAH
PASAL KA 1
NGARAN JEUNG SYARAT SIRKAH
Ari ngaran Syirkah nyaeta : ngahijikeun duit nu duaan minimal, tuluy di pake modal dagang babarengan duaan, jadi sakabeh barang milik duaan.
Ari syarat Syirkah nyaeta aya lima :
1. Anu di pake modal kudu mangrupakeun duit.
2. Mun ku barang kudu anu sajenis tur sifatna akur.
3. Modalna hijikeun ulah di pisah-pisah.
4. Molahkeun dagangan bebas, tegesna silihna idinan asal ulah matak ngamadlaratkeun.
5. Loba jeung saeutikna, rugi jeung untung, ngitung tina loba jeung saeutikna modal.

BAB KA XVI
WAQAF
PASAL KA 1
NGARAN WAQAF
Ari ngaran WAQAF nyaeta mikeun hiji barang anu tumetep/awet dzatiyahna kalayan make bahasa ngawaqafkeun.
Waqaf aya anu khusus saperti : ngawaqafkeun kuring ka anjeun kana ieu barang, atawa ngawaqafkeun kuring ka anak-anak Zaed najan aya sapuluhna.
Aya Waqaf ka umum saperti : ngawaqafkeun kuring kana ieu barang jang ka fakir miskin, ka masjid jeung jang kapentingan agama.
Catatan :
1. Mun Waqaf ka khusus kudu make qobul, mun ka umum teu kudu.
2. Mun Waqaf ka khusus dimana nishob wajib zakat, mun ka umum mah teu wajib zakat.

PASAL KA 2
RUKUN WAQAF
Ari rukun Waqaf eta aya opat :
1. Waqif / anu waqaf.
2. Maoqup 'alaeh / anu di waqafkeun.
3. Maoquf bih / barang nu di waqfkeun.
4. Shegat / bahasa ngawaqafkeun.

PASAL KA 3
SYARAT WAQIF
Ari syarat Waqif / jalma anu waqaf eta aya dua :
1. Mukallaf.
2. Karep sorangan / henteu di paksa.
PASAL KA 4
SYARAT MAOQUF 'ALAEH
Ari syaratna jalma anu di waqafkeun nyaeta : kudu geus aya/geus di lahirkeun, atuh teu syah waqaf kanu can dilahirkeun, beda jeung wasiat, kajaba waqaf kanu euweuh/can dilahirkeun tapi dianutkeun kanu geus aya, maka et amah sah hukumna.

PASAL KA 5
SYARAT MAOQUF BIHI
Ari syaratna barang anu di waqafkeun eta kudu barang anu tumetep/awet, sehingga ku di alaf manfa'at teh henteu ruksak jeung teu ngurangan dzatiyahna eta barang.

PASAL KA 6
SYARAT SHEGAT
Ari syaratna shegat eta kudu di ucapkeun, henteu cukup ku di niatan wungkul.
Catatan :
1. Munqoti' awwal : dina waktu keur ngawaqafkeun, anu di waqafannana can aya, mun jalma can lahir, mun masjid can dibangun.
2. Munqoti' akhir : waktu keur ngawaqafkeun mah aya/geus lahir, ngan teu aya tuluyna.
Lamun waqaf Munqoti' akhir dimana geus akhir, maka barangna bikeun ka dzawil arham anu waqaf.

BAB KA XVII
MUKHOBAROH
PASAL KA 1
NGARAN MUKHOBAROH
Ari ngaran MUKHOBAROH nyaeta ngurus tanah batur (kebon tawa sawah) anu hasilna sawareh ewang, gede jeung lobana kumaha perjanjian dina waktu akad, sarta binihna tinu ngurus, dam un tinu boga taneuh mah ngaranna teh Muzaro'ah.
Catatan :
Mun Muzaro'ah dimana nishob, anu wajib teh eta nu boga taneuh, mun Mukhobaroh mah nu ngaluarkeun zakat teh anu migawena.

BAB KA XVIII
WIKALAH
PASAL KA 1
NGARAN WIKALAH
Ari ngaran Wikalah nyaeta masrahkeun hiji pagawean ka batur kalayan anus ah di gantiannana cara ngajual tawa meuli.
Catatan :
1. Sholat teu sah di wakilkeun.
2. Wikalah jadi fasah/bedo kusabab maotna anu ngawakilkeun atawa anu ngawakilan atawa kusabab gelo.
3. Kadudukan barang anu di wakilkeun eta asup kana barang titipan, atuh lamun ruksak ku sabab henteu dihaja atawa teu lalawora maka teu wajib ngagantian.
4. Mun kawakilan ngajual barang, maka kudu kana harga anu ghalib, anu kanu leuwih mahal numutkeun duit anu berlaku tina eta daerah.
5. Anu ngawakilan teu meunang ngawakilan meuli barang ti soranganna masih keneh jadi wakil.

BAB KA XIX
NIKAH
PASAL KA 1
HUKUM NIKAH
Ari hukum pokok dina Nikah nyaeta mubah, tapi mun aya 'elat sejen mah hukumna teh aya anu :
1. Sunat pikeun jalma anu butuh kana Nikah sarta boga jang biayana (maskawin, nafaqah, makean)
2. Wajib pikeun jalma anu butuh kana nikah bari mun teu nikah sieun terjadi zina sarta boga jang biayana, atawa mun geus kakeunaan ku hukum sunat tuluy aya panadzaran.
3. Makruh pikeun jalma anu teu boga biaya sarta teu hayang nikah.

PASAL KA 2
MILIH JODO
Dimana milih jodo maka :
1. Nu beunghar.
2. Nu geulis.
3. Nu alus turunannana.
4. Nu alus dina agamana.
Tapi mun teu aya sadayana mah pilih agamana.

PASAL KA 3
NGALAMAR
Ari hukumna ngalamar eta di anutkeun sareung hukumna nikah.
Cara / bahasa ngalamar aya dua :
1. Ku jalan bahasa anu jelas.
2. Ku jalan bahasa anu sindir sampir.
Mun ngalamar kanu lengoh jeung teu boga 'iddah eta meunang ku jalan bahasa jelas atawa ku bahasa anu sindir sampir, mun kanu boga 'iddah roj'iyyah eta haram ku bahasa anu jelas jeung ku bahasa anu sindir sampir, mun kanu boga 'iddah lain tolaq roja'I saperti tolaq bain, thalaq tilu, tholaq khulu' jeung tholaq fasah eta mah meunang, tapi tetep nikahna mah kudu geus beak 'iddah.
Catatan :
Dina keur ngalamar meunang nempo beungeut jeung dampal leungeun anu dilamar, asal jazim dina hate mun daekeun rek terus dikawin, ngan mun geus jelas mah haram, sabab lain mahram.

PASAL KA 4
UKURAN LILA 'IDDAH
1. 'Iddah roj'iyyah (tholaqna kakara dua kali) nyaeta pikeun anu sok hed eta tilu kali sucian, mun tara hed bari teu reuneuh eta tilu bulan, mun reuneuh mah ku ngajuru.
2. 'Iddah fasakh, ieu akur jeung 'iddah roj'iyyah.
3. 'Iddah wafat eta mun teu reuneuh mah opat bulan sapuluh poe, mun reuneuh mah ku ngajuru.
4. 'Iddah tholaq bain jeung tholaq tilu eta akur jeung 'iddah tholaq roja'i.
Catatan :
Tholaq bain jeung tholaq tilu eta teu meunang di ruju', sarta pikeun tholaq tilu mun hayang balik deui ku jalan nikah eta kudu kaselang heula ku lalaki sejen, ari pikeun tholaq khulu' mah teu kudu kaselang heula.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS V CATUR WULAN KA III
PASAL KA 5
RUKUN NIKAH
Ari rukun nikah eta aya lima :
1. Calon salaki.
2. Calon pamajikan.
3. Walina calon pamajikan.
4. Saksi dua lalaki.
5. Shegat/ijab ti wali qobul ti calon salaki.
Nikah wajib make mas kawin sarta sunat di sebut dina waktu akad.
Memeh prak akad nikah khutbah nikah.
Conto ijab jeung qobul ku bahasa arab.
Ijab = ﺍﻣﺤﻤﺪ ﺍﻧﻜﺤﺘﻚ ﺑﻨﺘﻲ ﺯﻳﻨﺐ ﺑﻤﻬﺮﺍﻟﺔﺍﻟﺼﻼﺓﺣﺎﻻ
Qobul = ﻗﺒﻠﺖ ﻧﻜﺎﺣﻬﺎﺑﻤﻬﺮﺍﻟﺔﺍﻟﺼﻼﺓﺣﺎﻻ
Conto ijab jeung qobul ku bahasa sunda.
Ijab = Hai Zaed ! kaulah nikahkeun ka anjeun ka anak teges kaula ngarana zenab kalawan mas kawin ku alat sholat kontan.
Qobul = Tarima abdi nikah ka nyi zenab kalawan maskawin ku alat sholat kontan.
Conto ijab qobul ngawakilkeun.
Ijab = ﺍﻧﻜﺤﺘﻚ ﺯﻳﻨﺐ ﺑﻨﺖ ﺯﻳﺪﺍﻟﻤﻮﻛﻞ ﺑﻲ ﻧﻜﺎﺣﻬﺎ ﺑﻤﻬﺮﺍﻟﺔﺍﻟﺼﻼﺓﺣﺎﻻ
Qobul = ﻗﺒﻠﺖ ﻧﻜﺎﺣﻬﺎ ﺑﻤﻬﺮﺍﻟﺔﺍﻟﺼﻼﺓﺣﺎﻻ

PASAL KA 6
WALI
Ari syaratna wali jeung saksi eta aya genep :
1. Islam.
2. Balegh.
3. Boga aqal.
4. Merdeka.
5. Lalaki.
6. Adil.
Catatan :
Wali di syaratkeun kudu islam the lamun anu kawinna islam mun teu islam mah teu di syaratkeun kadu islam.
Dina wali nikah wajib tartibna pancakaki sahingga lamun aya keneh anu deukeut pancakakina ulah waka ku anu jauh najan keur euweuh saperti keur nyaba atawa jauh tempatna, sahingga lamun hesemah kajeun teuing ku wali hakim, mun maksa be diliwat anu deukeut maka teu sah nikahna.

PASAL KA 7
RUNTUYAN NU LEUWIH HAQ
NGAWALIAN
Ari runtuyan anu leuwih haq ngawalian eta kieu :
1. Bapa.
2. Aki.
3. Dulur lalaki anu saindung sabapa.
4. Dulur lalaki anu sabapa wungkul.
5. Anak lalaki ti dulur lalaki anu saindung sabapa.
6. Anak lalaki ti dulur lalaki anu sabapa wungkul.
7. Paman anu saindung sabapa ti pihak bapa.
8. Paman anu sabapa wungkul ti pihak bapa.
9. Anak paman anu saindung sabapa ti pihak bapa.
10. Anak paman anu sabapa wungkul ti pihak bapa.
11. Jalma anu ngamerdekakeun.
12. Hakim.

PASAL KA 8
AWEWE
Ari awewe eta kabagi dua :
1. Parawan.
2. Randa.
Parawan bisa di paksa di kawinkeun ku bapana atawa ku akina asal ka kufuna bari boga jang mas kawin mitsil.
Ari randa mah teu sah di paksa kajaba aya izin ti pribadina.

PASAL KA 9
NU HARAM DITIKAH
Ari anu haram ditikah eta aya 14, kabagi tilu :
1. Kupedah saturunan sadayana aya tujuhan :
1). Indung.
2). Anak.
3). Dulur awewe.
4). Bibi ti indung.
5). Bibi ti bapa.
6). Anak dulur lalaki.
7). Anak dulur awewe.
2. Kupedah sasusu, carana akur jeung anu saturunan, sabab anu haram
kujalan saturunan maka haram ku jalan sasusu.
3. Ku jalan NASH langsung tina Al-Qur'an sadayana aya opat :
1). Mitoha kujalan saturunan atawa sasusu.
2). Anak tere dimana geus ngawati ka indungna.
3). Indung tere.
4). Minantu.
Ieu sadayana haramna the salawasna.
Aya istri anu haram ditikahna tapi teu salawasna saperti dulurna pamajikan, lantaran dimana eta pamajikan the geus di tolak bari geus beak 'iddahna maka teu haram ngawin kadulurna.

PASAL KA 10
FASAKH / BEDONA NIKAH
Ari fasakh nikah nyaeta bedona nikah tapi lain kujalan di tholaq jeung teu ngurangan kana tholaq.
Lalaki bisa bedo nikah ka istri kusabab :
1. Pamajikanna gelo.
2. Pamajikanna borok jawa.
3. Pamajikanna corob.
4. Tempat jima'na pamajikan katutupan ku daging.
5. Tempat jima'na pamajikan katutupan ku tulang.
Awewe bisa bedo ditikah ku lalaki kusabab :
1. Gelona lalaki.
2. Lalakina corob.
3. Lalakina borok jawa.
4. Lalakin peluh.
5. Kahormatanna potong.
Catatan :
Kuayana bedo nikah teu matak ngurangan kana bilangan tholaq, teu bisa ngajuru, tapi mun rek balik deui mah kudu kujalan pertikahan deui sanajan dina jero 'iddah keneh.

PASAL KA 11
WALIMAH ARUS
Ari hukumna walimah arus eta sunat pikeun salaki sanajan waktuna akad tos lami, sarta sunat ngundang batur bari anu diundangna wajib a'eni nyumponan dimana teu aya pa'udzuran saperti gering, banget tunduh, banget lapar, teu boga pakean anu layak atawa aya maksiat bari teu sanggup amar ma'ruf.
Catatan :
Nyumponan walimah 'arus dina poe kaduana hukumna sunat, dina poe saterusna mah hukumna makruh.
Nyumponan walimah anu sejen eta hukumna sunat.

PASAL KA12
NAFAQAH
Ari sabab anu ngawajibkeun kana nafaqah eta aya tilu :
1. Karabat.
2. Milik.
3. Pamajikan.
Ari karabat eta saperti indung, maka ieu indung wajib dinafaqahan mun faqir atawa gelo, jeung saperti anak, maka anak wajib dinafaqahan lamun faqir atawa leutik keneh atawa gelo.
Ari milik eta saperti 'abid, sato anu dimulyakeun ku syara'.
Pamajikan wajib dinafaqahan lamun heuteu nusyuz kalayan katangtosannana :
1. Mun salakina the beunghar maka nafaqahna 2 mud.
2. Mun salakina pertengahan maka nafaqahna 11/2 mud.
3. Mun salakina faqir maka nafaqahna 1 mud.
Ieu katangtosan the pikeun sapoe sapeuting bari kudu di tambahan jang deungeunana jeung khusus pikeun pamajikan wungkul, salaki jeung anak mah ongkoh deui. Oge nu jadi salaki wajib makean dina tiap genep bulan sakali kana sasetel. Oge salaki wajib ngimahan, mere alat beberesih jeung seuseungitan.
Catatan :
1. Mun salaki heunteu nafaqah bari pamajikan heunteu ridlo maka meunang bedo nikah.
2. Mun istri nusyuz maka ragrag nafaqah jeung ngimahan sanajang sakeudeung.
3. Mun tinggal nafaqah ka pamajikan eta jadi hutang sarta wajib di bayar salagi pamajikan can rodloeun, tapi ari tinggal nafaqah ka karabat mah eta teu jadi hutang.
4. Mun silih ridloan eta bisa teu di perhitungkeun dina tiap waktu asal manggih dahar bae.
5. Mun salaki jeung pamajikan the pepegatan bari geus boga budak anu hideng maka eta budak bisa milu jeung bapana atawa jeung emana tapi lamun budakna can hideng mah eta budak the kudu jeung emana, dina biayana sok sanajan keur milu jeung emana eta tetep kawajiban jang bapana.

PASAL KA 13
THOLAQ
Ari tholaq eta aya tholaq ba'in aya tholaq roja'i, tholaq ba'in nyaeta tholaq tilu naha rek disalakina atawa ditungtut atawa di beuli.
Aya deui tholaq roja'I nyaeta tholaq kakara hiji atawa dua.
Catatan :
Ari bahasa tholaq eta aya dua :
1. Shoreh/jelas tegesna heuteu bisa dima'naan kajaba ku tholaq.
Conto : ﺳﺮّﺣﺘﻚ – ﻓﺮّﻗﺘﻚ – ﻃﻠﻘﺘﻚ
Ieu bahasa tholaq najan teu niat atawa bari guguyon tetep jadi tholaq.
2. Kinayah/sindir sampir tegesna bahasa anu bisa dimaksud kana tholaq atawa lianti tholaq Conto : ﺍﻧﺖ ﺧﺎﻟﻴﺔ ieu bahasa bida dimaksud tholaq maksudna : Ari anjeun eta anu kosong/lengoh/teu boga salaki, bisa deui dimaksud kosong heuteu reuneuh, atawa lengoh teu barang bawa, ieu bahasa lamun diniatan kana tholaq maka jadi tholaq mun teu di niatan mah eta teu jadi tholaq.

BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS VI CATUR WULAN KA I
BAB KA XX
FAROID
PASAL KA I
ILMU NGABAGIKEUN WARISAN
Dimana rek ngabagikeun warisan maka kudu nganyahokeun heula kana ilmu anu tilu :
1. Ilmu fatwa nyaeta furudlul muqoddaroh jeung 'ashobah jeung hijab, jeung masalah-masalah tertentu.
2. Ilmu nasab nyaeta nganyahokeun turunan.
3. Ilmu hisab nyaeta ilmu hitung.

PASAL KA 2
TIRKAH MAIT
Ari tirkah mayit eta aya tilu bagian :
1. Barang raja kaya nyaeta barang milik lalaki.
2. Barang banda kaya nyaeta barang milik awewe.
3. Barang tepung kaya nyaeta barang milik duaan saba'da akad nikah.
Catatan :
Cara ngabagikeun barang tepung kaya eta aya tilu :
1. Bisa ku jalan lalaki dua bagian awewe sabagian.
2. Bisa ku jalan silih saruaan.
3. Bisa ku jalan sihih bedaan.

PASAL KA 3
GARAPEUN SAMEMEH NGABAGIKEUN
TITINGGAL MAYIT
Dina samemeh ngabagikeun titinggal mayit maka kudu di bereskeun heula anu lima rupa :
1. Anu bertalian sareng barang mayit saperti zakat.
2. Biaya ngurus mayit.
3. Hutang mayit hak Alloh atawa hak adami.
4. Wasyiatna mayit.
5. Ahli waritsna.

PASAL KA 4
SABAB NAMPA WARIS
Ari sabab nampa waris eta aya tilu :
1. Akad nikah.
2. Nasab / turunan.
3. Ngamerdekakeun.

PASAL KA 5
RUKUN SILIH WARIS
Ari rukunna silih waris eta aya tilu :
1. Anu ngawaris.
2. Anu di waris.
3. Barang wariskeuneun.

PASAL KA 6
SYARAT SILIH WARIS
Ari syaratna silih waris eta aya tilu :
1. Nyata maotna anu ngawaris atawa di hukuman maot.
2. Nyata hirupna anu rek nampa waris dina saba'da maotna anu ngawaris kalayan hirup mustaqir.
3. Pikeun anu rek ngabagikeun kudu apal kana jihat anu ngakibatkeun kana nampa waris jeung kana darajat masing-masing ahli waris dimana pakumpul.
PASAL NU NGAHALANG KANA
SILIH WARIS
Ari anu ngahalang kana nampa waris eta aya tilu :
1. Ka'abidan.
2. Maehan.
3. Beda agama.

PASAL KA 7
AHLI WARIS
Ari sadaya ahli waris eta aya 25, kabagi dua :
1. Lima belas ahli waris lalaki.
2. Sapuluh ahli waris awewe.
Ari ahli waris lalaki nyaeta :
1. ﺇِﺑْﻦٌ = Anak lalaki mayit.
2. ﺇِﺑْﻦُ ﺍْﻹِﺑْﻦِ = Incu lalaki ti anak lalaki mayit.
3. ﺃَﺏٌ = Bapa mayit.
4. ﺟَﺪّ ٌ = Bapana bapa mayit / aki.
5. ﺃَﺥٌ ﻟِﺄَﺑَﻮَﻳْﻦِ = Dulur lalaki mayit anu saindung sabapa jeung mayyit.
6. ﺃَﺥٌ ﻷَِﺏٍ = Dulur lalaki mayit anu sabapa wungkul jeung mayit.
7. ﺃَﺥٌ ﻷُِﻡٍّ = Dulur lalaki mayit nu saindung wungkul jeung mayit.
8. ﺇِﺑْﻦُ ﺍﻷَﺥِ ﻷَِﺑَﻮَﻳْﻦِ = Anak lalaki ti dulur lalaki mayit nu saindung sabapa jeung mayit.
9. ﺇِﺑْﻦُ ﺍﻷَﺥِ ﻷَِﺏٍ = Anak lalaki ti dulur lalaki mayit nu sabapa wungkul jeung mayit.
10. ﻋَﻢٌّ ﻷَِﺑَﻮَﻳْﻦِ = Paman/uwa mayit nu saindung sabapa jeung bapa mayit.
11. ﻋَﻢٌّ ﻷَِﺏٍ = Paman/uwa mayit nu sabapa wungkul jeung bapa mayit.
12. ﺇِﺑْﻦُ ﺍﻟْﻌَﻢِّ ﻷَِﺑَﻮَﻳْﻦِ = Anak lalaki ti paman/uwa mayit anu saindung sabapa jeung bapa mayit.
13. ﺇِﺑْﻦُ ﺍﻟْﻌَﻢِّ ﻷَِﺏٍ = Anak lalaki ti paman/uwa mayit anu sabapa wungkul jeung bapa mayit.
14. ﺯَﻭﺝْ = Salaki.
15. ﻣُﻌْﺘِﻖْ = Anu ngamerdekakeun.
Ari ahli waris ti awewe nyaeta :
1. ﺑِﻨْﺖٌ = Anak awewe mayit.
2. ﺑِﻨْﺖُ ﺍﻹِﺑْﻦِ = Incu awewe ti anak lalaki mayit.
3. ﺃُﻡٌّ = Indung mayit.
4. ﺟَﺪَّﺓْ ﻷَِﺏٍ = Nini mayit ti bapa.
5. ﺟَﺪَّﺓْ ﻷُِﻡٍّ = Nini mayit tie ma.
6. ﺃُﺧْﺖٌ ﻷَِﺑَﻮَﻳْﻦِ = Dulur awewe mayit nu saindung sabapa jeung mayit.
7. ﺃُﺧْﺖٌ ﻷَِﺏٍ = Dulur awewe mayit nu sabapa wungkul jeung mayit.
8. ﺃُﺧْﺖٌ ﻷُِﻡٍّ = Dulur awewe mayit nu saindung wungkul jeung mayit.
9. ﺯَﻭْﺟَﻪْ = Pamajikan mayit.
10. ﻣُﻌْﺘِﻘَﻪْ = Anu ngamerdekakeun.
Catatan :
1. Lamun pakumpul sakabeh ahli waris lalaki, maka teu nampa kabeh, tapi ngan ukur tiluan nyaeta : IBNU, ABUN, ZAOJ.
2. Lamun pakumpul sakabeh ahli waris awewe, maka teu nampa kabeh, tapi ngan ukur limaan nyaeta : BINTUN, BINTUL IBNI, UMMUN, UKHTUN LIABAWAEN, ZAOJAH.
3. Lamun pakumpul sakabeh ahli waris lalaki jeung awewe, maka teu nampa kabeh, tapi ngan ukur limaan nyaeta : IBNUN, BINTUN, UMMUN, ABUN, AHADUZZAOJAENI.
PASAL KA 8
DZAWIL ARHAM
Ari dzawil arham / qarabat anu teu nampa warisan eta aya sabelas :
1. ﺟَﺪٌّ ﻷُِﻡٍّ = Bapa ema jeung ﺃُﻡُّ ﺟَﺪٍّ ﻷُِﻡٍّ = emana bapa ema.
2. ﻭَﻟَﺪُ ﺍﻟْﺒِﻨْﺖِ = Anak ti anak awewe/incu ti anak awewe.
3. ﺑِﻨْﺖُ ﺍﻷَﺥِ = Anak awewena dulur lalaki.
4. ﻭَﻟَﺪُ ﺍﻷُﺧْﺖِ = Anak ti dulur awewe.
5. ﻭَﻟَﺪُ ﻭَﻟَﺪِ ﺍﻷُﻡِّ = Anak / turunan dulur anu saindung.
6. ﻋَﻢٌّ ﻷُِﻡّ ٍ = Paman / uwa anu saindung.
7. ﺑِﻨْﺖُ ﺍﻟْﻌَﻢِّ = Anak awewena Paman/uwa jeung turunannana.
8. ﻋَﻤَّﺔٌ = Bibi / uwa awewe ti bapa.
9. ﺧَﺎﻝٌ = Paman / uwa ti indung.
10. ﺧَﺎﻟَﺔٌ = Bibi-bibi ti indung.
11. Turunan bibi ti bapa, turunan paman/uwa ti indung, turunan bibi ti indung.
BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS VI CATUR WULAN KA II
PASAL KA 9
FURUDLUL MUQODDAROH
Ari ahli waris eta kabagi dua bagian :
1. Dzawil furudl nyaeta anu meunang bagian anu ditangtukeun.
2. Dzawil 'ashobah nyaeta nu meunang bagian anu teu ditangtukeun.
Ari furudlul muqoddaroh eta aya genep :
1. ﻧِﺼْﻒُ = satengah ( 1/2 )
2. ﺛُﻠُﺚْ = sapertilu ( 1/3 )
3. ﺛُﻠُﺜَﻴﻦْ = dua pertilu ( 2/3 )
4. ﺭُﺑُﻊْ = saparapat ( 1/4 )
5. ﺳُﺪُﺱْ = sapergenep ( 1/6 )
6. ﺛُﻤُﻦْ = saperdalapan ( 1/8 )

PASAL KA 10
ANU SOK NAMPA SATENGAH
Ari ahli waris anu sok nampa satengah (1/2) eta aya limaan :
1. Zaoj, syarat teu aya anak atawa incu mayit.
2. Bintun, syarat :
1). Heunteu aya dulur awewena.
2). Heunteu aya dulur lalakina.
3. Bintul ibni, syarat :
1). Teu aya anak mayit.
2). Teu aya dulur awewena deui.
3). Teu ngabogaan dulur lalaki nu ngasobahan.
4. Ukhtun liabawaen, syarat :
1). Teu aya bapak mayit.
2). Teu aya anak atawa incu mayit.
3). Teu aya dulur awewe deui.
4). Teu aya dulur lalaki nu ngasobahan.
5. Ukhtun liabin, syarat :
1). Teu aya bapak mayit.
2). Teu aya anak atawa incu mayit.
3). Teu aya dulur anu saindung sabapak.
4). Nyorangan euweuh dulur awewe deui.
5). Teu aya dulur lalaki anu ngasobahan.

PASAL KA 11
NU NAMPA SAPARAPAT
Ari ahli waris anu sok nampa saparapat (1/4) eta aya duaan :
1. Zaoj, syarat lamun aya anak atawa incu mayit.
2. Zaojah, syarat lamun teu aya anak atawa incu mayit.

PASAL KA 12
ANU SOK NAMPA SAPERDALAPAN
Ari ahli waris anu sok nampa saperdalapan (1/8) eta aya sorangan :
1. Zaojah, syarat dimana aya anak atawa incu mayit.

PASAL KA 13
ANU SOK NAMPA DUA PERTILU
Ari ahli waris anu sok nampa dua pertilu eta aya opat :
1. Bintaani atawa leuwih ti duaan, syarat :
1). Euweuh dulur lalakina anu ngasobahan.
2. Bintaal ibni atawa leuwih ti duaan, syarat :
1). Teu aya anak mayit.
2). Teu aya dulur lalakina anu ngasobahan.
3. Ukhtaani liabawaen atawa leuwih ti duaan, syarat :
1). Ulah aya bapak mayit.
2). Teu aya anak atawa incu mayit.
3). Teu aya dulur lalaki anu ngasobahan.
4. Ukhtaani liabin atawa leuwih ti duaan, syarat :
1). Teu aya bapak mayit.
2). Teu aya anak atawa incu mayit.
3). Teu aya dulur anu saindung sabapak.
4). Teu aya dulur lalaki anu ngasobahan.

PASAL KA 14
ANU SOK NAMPA SAPERTILU
Ari anu sok nampa sapertilu eta aya duaan :
1. Ummun, syarat :
1). Teu aya anak atawa incu mayit.
2). Teu aya dulur mayit dua kaluhur.
2. Aoladul ummi atawa leuwih ti duaan, syarat :
1). Teu aya anak atawa incu mayit.
2). Teu aya bapak mayit.
3). Teu aya aki mayit ti bapak mayit.

PASAL KA 15
MASALAH GHOROWAENI
Ari anu di sebut masalah GHOROWAENI nyaeta dua masalah anu langka atawa sok di sebut 'UMAROENI sabab di putuskeunnana ku Sayyidina Umar, masalah Ghorowaeni sadayana aya dua gambaran nyaeta :
1. Dimana mayit ninggalkeun : ZAOJ, UMMUN, ABUN.
2. Dimana mayit ninggalkeun : ZAOJAH, UMMUN, ABUN.
Dina ieu dua masalah Ghorowaeni Ummun nampana 1/3 tina sesa (saba'da di bikeun ka ZAOJ atawa ka ZAOJAH).
Ngitungna kieu :
1. ZAOJ = 1/2 = 3.
UMMUN = 1/3 tina sesa (3) = 1.
ABUN = Ashobah = 2.
2. ZAOJAH = 1/4 =3.
UMMUN = 1/3 tina sesa (9) =3.
ABUN = Ashobah = 6.
Catatan :
1. Pangna Ummun dina masalah ghorowaen kabagian 1/3 tina sesa sabab supaya bagian Abun teh dua tikeleun tina bagian Ummun.
2. Saleresna bagian Ummun dina ghorowaen gambaran kahiji nyaeta 1/3 tina sesa teh hakekatna mah 1/6.
3. Bagian Ummun dina ghorowaen kadua eta 1/3 tina sesa teh saleresna mah 1/4 tina sakabeh harta.

PASAL KA 16
ANU SOK NAMPA SAPERGENEP
Ari ahli waris anu sok nampa sapergenep eta aya tujuhan, nyaeta :
1. Abun, syarat lamun aya anak mayit.
2. Ummun, syarat :
1). Lamun aya anak atawa incu mayit.
2). Atawa aya dulur dua kaluhur.
3. Jaddun, syarat :
1). Lamun aya anak atawa incu mayit.
2). Henteu aya bapa mayit.
4. Bintul ibni hiji atawa leuwih loba, syarat :
1). Babarengan jeung anak awewe hiji.
2). Teu aya ibnun jeung ibnul ibni.
5. Ukhtun liabin hiji atawa leuwih loba, syarat :
1). Mun babarengan jeung dulur awewe hiji nu saindung sabapa.
2). Teu aya akhun liabawaen jeung akhun liabin.
6. Jaddatun liabin jeung jaddatun liummin, syarat :
1). Teu aya indung mayit.
2). Teu aya bapa mayit pikeun jaddatun liabin.
7. Waladul ummi, syarat :
1). Teu aya anak / incu mayit.
2). Teu aya bapa jeung aki mayit.
3). Sorangan.
Catatan :
1. Aki dimana keur euweuh bapa maka posisina akur jeung bapa dina tilu tingkahannana nyaeta :
1). Dimana euweuh anak menang 'ashobah.
2). Dimana aya anak lalaki/incu lalaki maka kudu nyokot 1/6.
3). Dimana aya anak/incu awewe maka menang nyokot 1/6 jeung 'ashobah.
Kecuali dina tilu gambaran :
1). Dimana babarengan jeung dulur mayit anu saindung sabapa atawa sabapa wungkul, ari bapa mah ngahijab ari aki mah henteu.
2). Dimana masalah ghorowaen kahiji, nyaeta lamun bapana di ganti ku aki, maka Ummun the ulah teuing 1/3 tina sesa, tapi 1/3 tina sakabeh harta bae.
3). Dina masalah ghorowaen kadua, nyaeta lamun bapana dig anti ku aki, maka Ummun the ulah teuing 1/3 tina sesa, tapi angger 1/3 tina sakabeh harta bae.


BAHAN PELAJARAN FIQIH
KELAS VI CATUR WULAN KA III
PASAL KA 17
'ASHOBAH
Ari 'Ashobah eta kabagi tilu, nyaeta :
1. 'Ashobah binafsih / jadi 'ashobah ku dirina sorangan.
2. 'Ashobah bilghoer / jadi 'ashobah pedah kabawa ku batur.
3. 'Ashobah ma'al ghoer / jadi 'ashobah pedah babarengan jeung anu sok kabawa jadi 'ashobah.
Ari jihat 'ashobah binafsih eta aya genep :
1. ﺃﻟﺒﻨﻮّﺓ = Kaanakan.
2. ﺃﻷﺑﻮﺓ = Kabapaan.
3. ﺍﻟﺠﺪﻭﺩﺓ ﻭﺍﻷﺧﻮﺓ = Kaakian jeung kaduluran.
4. ﺇﺑﻨﻮﺍﻷﺧﻮﺓ = Anak kaduluran
5. ﺍﻟﻌﻤﻮﻣﻪ ﻭﺑﻨﻮﻫﻢ = Kapamanan jeung anakna.
6. ﺃﻟﻮﻻﺀ = Ngamerdekakeun.
Ari hukumna 'Ashobah binafsih eta kabagian sakabeh tirkah mayit mun euweuh dzawil furudl, sesa tirkah mayit mun aya dzawil furudl saba'da di bikeun ka dzawil furudl.
Catatan :
1. Mun kumpul dua ahli 'Ashobah anu akur darajat jeung ngarundayna, maka bagiannana reureujeungan saperti anak jeung anak deui.
2. Mun kumpul dua ahli 'Ashobah anu beda darajatna, maka anu deukeut ka mayit ngahijab kanu jauh ka mayit, saperti anak bareng jeung incu.
3. Mun kumpul dua ahli 'Ashobah anu akur darajatna tapi beda ngarundayna, maka anu ngarunday ka saindung sabapa ngahijab kanu ngarunday ku sabapa wungkul, saperti akhun liabawaen bareng jeung akhun liabin.
Ari 'Ashobah bighoer eta aya opat gambaran nyaeta :
1. Bintun bareng jeung Ibnun.
2. Bintul Ibni bareng jeung Ibnul Ibni.
3. Ukhtun Liabawaen bareng jeung Akhun Liabawaen.
4. Ukhtun Liabin bareng jeung Akhun Liabin.
Ari hukumna/bagiannana 'Ashobah bilghoer nyaeta lalaki dua bagian tina bagian awewe.
Catatan :
1. Ari buyut lalaki ( ﺇﺑﻦ ﺇﺑﻦ ﺍﻹﺑﻦ ) etas ok ngashobahan ka incu awewe ( ﺑﻨﺖ ﺍﻹﺑﻦ ) dimana incu awewena ( ﺑﻨﺖ ﺍﻹﺑﻦ ) teu meunang bagian/bareng jeung dua anak awewe.
Ari 'Ashobah ma'al ghoer eta aya opat gambaran :
1. Ukhtun Liabawaen bareng jeung Bintun.
2. Ukhtun Liabawaen bareng jeung Bintul Ibni.
3. Ukhtun Liabin bareng jeung Bintun.
4. Ukhtun Liabin bareng jeung Bintul Ibni.
Catatan :
1. Dimana ukhtun liabawaen keur jadi 'ashobah ma'al ghoer eta martabatna teu beda saperti akhun liabawaen dina pada ngahijab ka akhun liabin.
2. Dimana ukhtun liabin keur jadi 'ashobah ma'al ghoer eta martabatna teu beda saperti akhun liabin dina pada ngahijab ka anak-anak akhun liabawaen.

PASAL KA 18
HIJAB
Ari hijab eta kabagi dua bagian :
1. Hijab Hirman nyaeta kahalangana ahli waris sehingga jadi henteu nampa waris.
2. Hijab Nuqson nyaeta kahalangana ahli waris sehingga jadi kurang bagiannana.
Ari ahli waris nu tara kahijab hirman eta aya genepan :
1. Ibnun.
2. Bintun.
3. Abun.
4. Ummun.
5. Zaoj.
6. Zaojah.
Ari ahli waris anu sok kahijab hirman eta aya 19 :
1. IBNUL IBNI kahijab ku hiji nyaeta ku Ibnun.
2. JADDUN kahijab ku hiji nyaeta ku Abun.
3. JADDATUN LIUMMIN kahijab ku hiji nyaeta ku Ummun.
4. JADDATUN LIABIN kahijab ku dua nyaeta ku Ummun jeung ku Abun.
5. AKHUN LIABAWAEN kahijab ku tilu nyaeta ku Abun, Ibnun jeung Ibnul Ibni.
6. AKHUN LIABIN kahijab ku lima nyaeta ku Abun, Ibnun, Ibnul Ibni, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Jaddun, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin anu jadi 'ashobah ma'al ghoer.
7. IBNUL AKHI LIABAWAEN kahijab ku dalapan nyaeta ku Abun, Ibnun, Ibnul Ibni, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Jaddun, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin anu jadi 'ashobah ma'al ghoer.
8. IBNUL AKHI LIABIN kahijab ku salapan nyaeta ku Abun, Ibnun, Ibnul Ibni, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin nu jadi 'ashobah ma'al ghoer, Ibnul Akhi Liabin jeung Jaddun.
9. 'AMMUN LIABAWAEN kahijab ku sapuluh nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Jaddun, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin nu jadi 'ashobah ma'al ghoer, Ibnul Akhi Liabawaen jeung Ibnul Akhi Liabin.
10. 'AMMUN LIABIN kahijab ku sabelas nyaeta ku Abun, Ibnun, Ibnul Ibni, Jaddun, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin nu jadi 'ashobah ma'al ghoer, Ibnul Akhi Liabawaen, Ibnul Akhi Liabin jeung 'Ammun Liabawaen.
11. IBNUL 'AMMI LIABAWAEN kahijab ku dua belas nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun, Jaddun, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Ibnul Akhi Liabawaen, Ibnul Akhi Liabin, 'Ammun Liabawaen, 'Ammun Liabin, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin dimana jadi 'ashobah ma'al ghoer.
12. IBNUL 'AMMI LIABIN kahijab ku tilu belas nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun, Jaddun, Akhun Liabawaen, Akhun Liabin, Ukhtun Liabawaen jeung Ukhtun Liabin dimana jadi 'ashobah ma'al ghoer, Ibnul Akhi Liabawaen, Ibnul Akhi Liabin, 'Ammun Liabawaen, 'Ammun Liabin, Ibnul 'Ammi Liabawaen.
13. AKHUN LIUMMIN kahijab ku genepan nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun, Jaddun, Bintun, Bintul Ibni.
14. UKHTUN LIUMMIN kahijab ku genepan nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun, Jaddun, Bintun, Bintul Ibni.
15. UKHTUN LIABAWAEN kahijab ku tiluan nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun.
16. UKHTUN LIABIN kahijab ku genepan nyaeta ku Ibnun, Ibnul Ibni, Abun, Akhun Liabin, Ukhtaani Liabawaen atawa leuwih loba dimana teu aya Akhun Liabin, Ukhtun Liabawaen dimana jadi 'ashobah ma'al ghoer.
17. BINTUL IBNI kahijab ku duaan nyaeta ku Ibnun jeung ku Bintaani atawa leuwih loba dimana teu aya Ibnul Ibni.
18. MU'TIQ kahijab ku anu sok ngahijab 'ashobah bin nasab.
19. MU'TIQOH kahijab ku anu sok ngahijab 'ashobah binnasab.
PASAL KA 19
R O D
Dina faroid aya nu disebut ROD nyaeta ngabalikeun deui sesa ka ahli waris numutkeun bagianna.
Sakabeh ahli waris sok nampa kana Rod kecuali ZAOJ jeung ZAOJAH.
Bisa terjadi Rod dimana teu aya nu nampa 'ashobah anapon dimana aya nu nampa 'ashobah mah eta moal terjadi Rod.
Rumus / cara ngitung Rod nyaeta :
Siham / bagian x sesa
Jumlah siham
Conto :
Bintun = 1/2 x 6 = 3 + ( 3/4 x 2 = 6/4 = 1 1/2 ) = 4 1/2.
Ummun = 1/6 x 6 = 1/4 + ( 1/4 x 2 = 2/4 = 1/2 ) = 1 1/2
Siham Bintun = 3
Siham Ummun= 1
Jumlah siham = 4 ( 3 + 1 )
Sesa = 2 ( 6 – 4 )
Lamun dina masalah teh aya nu nampa Rod ( Zaoj jeung Zaojah ) maka jumlah sihamna di kurangi ku siham nu tara nampa Rod,
Conto :
Bintun = 1/2 x 12 = 6 + ( 6/8 x 1 = 3/4 ) = 6
3/4.
Ummun = 1/6 x 12 = 2 + ( 2/8 x 1 = 1/4 ) = 2 1/4.
Zaoj = 1/4 x 12 = 3
11 – 3 = 8.
Jumlah sihamna teh 8 ( 11 – 3 ) ulah tina sabelas.

PASAL KA 20
MUSYTAROKAH
Nu disebut Musytarokah nyaeta ngareujeungkeunnana antara bagian dulur lalaki anu saindung sabapa jeung dulur anu saindung wungkul, gambarannana :
ZAOJ = 1/2 X 6 = 3.
UMMUN = 1/6 X 6 = 1.
2 AOLADUL UMMU = 1/3 X 6 = 2
AKHUN LIABAWAEN =
Catatan :
Dina gambaran Musytarokah akur antara bagian lalaki jeung awewe.

PASAL KA 21
AKDARIYYAH
Nu disebut Akdariyyah nyaeta masalah anu ngotorkeun ka Zaed bin Tsabit, gambarannana nyaeta dimana mayit ninggalkeun :
ZAOJ = 1/2 x 6 = 3 x 3 = 9.
UMMUN = 1/3 x 6 = 2 x 3 = 6.
JADDUN = 1/6 x 6 = 1. 2/3 x 4 = 8/3 x 3 = 8.
UKHTUN = 1/2 x 6 = 3. 1/3 x 4 = 4/3 x 3 = 4.
Catatan :
Lamun Ukhtun na duaan atawa babarengan jeung Akhun eta teu kaasup kana AKDARIYYAH.

BAB KA XXI
ILMU HISAB
PASAL KA I
ASAL MASALAH
Ari asal masalah eta aya tujuh nyaeta :
2 – 3 – 4 – 6 – 8 – 12 – 24
Ieu anu tujuh kabagi dua nyaeta :
1. Aya anu tara 'aol (ngagedean) nyaeta : 2 – 3 – 4 – 8.
2. Aya anus ok 'aol sadayana aya tilu nyaeta :
1). 6 'aolna kana 7 – 8 – 9 – 10.
2). 12 'aolna kana 13 – 15 – 17.
3). 24 'aolna kana 27.

PASAL KA 2
TASHEH
Ari Tasheh the nyaeta nyohehkeun masalah, pigambareunnana nyaeta dimana bagian di bagikeun kana 'adad ruus (saurang-saurangna masing-masing ahli waris) hasilna the pecahan henteu pas, conto saperti :
Sihamna 6, ari 'adadruusna 8.
Cara tasheh / nyohehkeun masalah nyaeta :
1. Pecahannana dina sajenis ahli waris, carana nyaeta : bandingkeun sihamna kana 'adadruusna kalayan hasilna aya dua :
1). Muwafaqoh nyaeta antara siham jeung 'adadruusna aya angka nu bisa ngabagi kana eta siham jeung 'adadruus, saperti sihamna 6 'adadruusna 8, angka nu bisa ngabagi kana 6 jeung 8 nyaeta angka 2, tah eta angka 2 sok disebutkeun deui pihak ka tilu, carana : 'adadruusna (8) bagi ku pihak katilu (2) hasilna 4, tah eta 4 kalikeun kana asal masalah, conto :
Zaojah = 1/4 x 12 = 3 x 4 = 12.
2 Aoladul Ummi = 1/3 x 12 = 4 x 4 = 16.
8 Ukhtun Liabin = 1/2 x 12 = 6 x 4 = 24.
Keterangan :
'Adadruusna 8. Sihamna 6.
Pihak katiluna 2 hasil 8 dibagi 2 = 4.
Asal masalahna 12 'aol kana 13.
2). Mubayanah, nyaeta antara siham jeung 'adadruus teu aya pihak katilu saperti antara 4 jeung 5, carana cokot 'adadruusna tuluy langsung kalikeun kana asal masalah.
Conto :
Ummun = 1/6 x 6 = 1 x 5 = 5.
5 Bintun = 2/3 x 6 = 4 x 5 = 20.
1 'Ammun = 'ashobah = 1 x 5 = 5.
Katerangan :
'adadruusna = 5 Sihamna = 4.
Asal masalahna 6.
2. Pecahanna tina dua jenis atawa leuwih, carana nyaeta mimiti akur jiga tadi (bandingkeun siham kana 'adadruus) tuluy beubeunanganna ulah waka dikalikeun kana asal masalah tapi jieun heula mahfudh, kalayan perbandingan antara mahfudh jeung mahfudh eta aya 4 :
1). Mumatsalah / silih akuran.
2). Mudakholah / anu hiji bisa dibagi kunu hiji deui.
3). Muwafaqoh / aya angka anu bisa ngabagi.
4). Mubayanah / silih bedaan.
Keterangan :
Ieu masalah TASHEH upami bade ngetang tina harta teu kedah di laksanakeun, margi langkung sae langsung bae ngetangna tina harta.
*********** TAMAT ************

Tidak ada komentar:

Posting Komentar